Pungpulutan
Pung kaluhur pung kateoh calaget ngegel ketan = Pungpulutan, eta salah sahiji paribasa atawa tatarucingan barudak jaman baheula nu ayeuna geus teu kadenge deui.
Pungpulutan nyaeta sajenis tutuwuhan anu ayana liar di kebon atawa sisi sawah, tutuwuhan ieu sigana teu katingal faedahna keur landong atawa sejena. Bentuk buahna nu mangrupa rambutan ngan ieumah lalembut sagede buah sahang, mindeng pisan keur barudak nu iseng mah sok di pake kana buukeun babaturana bari di kesek kesek, anu tungtungna hese pisan ngalaan ieu pungpulutan tina buuk teh kusabab ngahiji muntel na buuk.
Buah Reba
Waktu kasorenakeun barudak geus karumpul di buruan imah si aca, bari marawa awi pelet nu geus
dijieun bebedilan. macem macem pisan bentuk jeung gedena bebedilan teh nu pangpangna mah bebedilan si warjo nu panjang jeung solongsongna make atum urut henbodi cenah mah supaya harus jeung tarik sorana. ari di danto mah lain bebedilan tapi awi tamiang nu dijieunkeun jadi susumpitan, lumayan panjang malah hampir satengah deupa.

Tamiang nu nang ngala ti wetaneun imah bu darso bah cakramijaya memang terkenal tamiangna lalempeng jeung aralus, malah si darwin jeung si dartam mah aya nyieun susumpitan teh aya ku leuwih hiji, si trisman nu titadi semangat ngajakan peperangan antara grup bebedilan jeung susumpitan.
Si aca, Trisman, warjo, jubeh jeung si cartam geus kumpul jadi grup bebedilan. ari grup susumplitan aya si Danto, dartam, darwin, wasko jeung uing geus siap.
ba’da ashar prung barudak geus pahibut adu jajaten perang campuh dor dar jeung ting sareblakna pelor bebedilan jeung pelor susumpitan nepi ka capena.
Kertas nu nang nyaian sok mindeng di pake pelor jeung bebedilan salian ti buah kanyere, ari pelor susumpitan mah sok make buah reba nu tangkalna ngajajar dina page kebon.
Reba anu buahna harejo tingrunggunuk ngahiji dina ranggeuyan anu jumlahna leuwih ti lima iji mangrupa tutuwuhan anu hirupna liar, teu dipelak sabab ieu mah biasana sok dina gawir pager kebon, malahan ieu mah sabangsa tutuwuhan anu ngaganggu kana pepelakan sejena.
Kembangna nu warna bungur matak waas mun katebak kuangin bari bauna ka ambeu pacampur jeung nyecep tiis hawa gunung.
SUWEG
Kukaayaan jaman ayeuna mah teu di lembur teu di kota kadaharan teh geus
araneh pisan, sapertos kentucky atawa ayam goreng oge snack atawa makanan
ringan cek barudak ayeuna mah, malah ku kiripik sampeu oge geus di macem
macem rasa jeung bentukna teh.
Teu model kabaheulakeun lalawuh teh ngan saukur beubeutian ti kebon anu diolahna
oge ku cara biasa teu di reka reka deui, diseupan, dikulub, atawa digoreng sakapeung mah, malah teu pira ngan saukur di bubuykeun kana hawu bari siduru.
Mun mangsa hujan sapertos dina ayeuna2 teh sok mindeng pisan pasosore teh
ngariung jeung kulawargi bari aya nu di riung sarupaning kadaharan kampung.
aya huwi atawa sampeu, malah sakapeung mah jagong jeung suuk, ngan kuhanjakal ku mangsa ayeuna mah geus jarang nu ngaran Suweg teh. Suweg teh nyaeta hiji beubeutian anu aya di pakarangan imah urang malah teu kudu di pelak, tangkalna borelang hejo dauna reregean.
Sueg teh salah sahiji bebeutian anu teu buruk ku gantina musim, beuti sueg teh mun mangsana kaluar tangkal jeung daun tapi mun geus paeh tangkal jeung dauna beutina mah masih tetep aya jeung teu buruk, malah sok jadi kaluar acung atawa kembang raflesia.
mun mangsa halodo biasana mah ngali beuti suweg nu aya di pakarangan imah, ngolahna gampil pisan ngan di bersihkeun taneuh jeung kulitna terus di kumbah, terus di cacag atawa di potongan. geus kitu mah di seupan dina langseng atawa seeng, geus asakna di purulukan ku kalapa nang marud, huh… mani hipu.
hanjakal geus jarang ngadahar nu kitu teh….

