Travel Salem
Tos jadi kabiasaan ayena mah urang salem teh lamun rek pulang teu keder ku kendaraan pedah eta we tos aya Travel anu bisa ngajemput ka alamat oge di jugjugkeuna anjog ka hareupeun imah anu di tuju.
Teu siga baheula urang kudu ka Terminal Bis eta oge waktuna sok gurunggusuh teu bisa salse kawas ayeuna, malah Jakarta ka Salem teh asa deukeut pisan cek jalma kolotmah geus jadi jalan ka cai ka jakarta teh.
Tekhnologi anu ngadukung nyaeta alat komunikasi Handphone anu tos biasa di masyarakat salem, da hampir 50% urang Salem teh tos baroga Hp pon kitu Supir Travel tos jadi modal utama Handphone teh. mun urang butuh Travel keur rek pulang ka salem atawa mangkat ka jakarta tinggal ngahubungi lewat Hp bisa Smsan atawa nelpon langsung.
ari kendaraana rata2 make Mitshubishi L300 emang sih sok rada teu nyaman oge naek Travel teh pedah penumpangna kadang sok mani pinuh kacida teu jarang oge sih sok kosong asal pas jok mobil. muatanan oge macem macem anu di muat kadang aya anu pindahan ti kota ka kampung jadi we eusina macem2, pon kitu oge mun ti kampung sok ka beas kebutuhan sapopoe mah teu sih unggal naek travel pasti aya nu mawa.
Tapi reug reugna mah pedah eta ari naek travel mah sok padeuleu batur sakampung jadi we rame teu pati bosen di jalana, bisa ngobrol ngaler ngidul.
Bilih aya anu butuh no Hp Travel Salem mangga tinggal nelpon ka para supir Travel Salem
ieu Daftar Travel Salem :
- Travel Warman Brak Salem no hp. 0815 692 5717
- Travel Wowo Indrajaya no hp. 0852 145 868 39
- Travel Omi Cikokoro Salem no hp. 0815 864 98079
- Travel Suratman Bentarsari no hp. o852 2718 5058
- Travel Darto Bentar no hp. 0813 141 69045
- Travel Reko Banjaran no hp. 0815 144 81300
- Travel Black Pasirpanjang no hp. 0815 839 0073
- Travel Kirno Tembongraja no hp. 0852 164 211 17
tah moga moga bisa mangfaat tinggal hubungi no hp di luhur janjian dimana. Boa ngke urang padeleu di Travel sampe ketemu di kampung semoga selamat sampai tujuan masing2.