Tag Archive | tatanen

Istilah dina Tatanen

Dina widang tatanen aya istilah-istilah anu remen dipake. Istilah istilah anu di pake dina hubungana jeung lahan baseuh atawa Sawah :

  1. Magawe atawa Ngawuluku. Ngolah taneuh sawah make wuluku anu ditarik ku sapi atawa munding.
  2. Sebar atawa Tebar. Nyieun pabinihan atawa melakeun binih saacanna dipindahkeun ka tempat melakna (sawah).
  3. Tandur. Melakeun binih pare ti tempat tebar ka sawah.
  4. Ngagon atawa Ngarambet. Miceunan jukut anu minuhan sawah supaya ulah ngaganggu pelak pare.
  5. Beuneur hejo. Kaayaan pare anu geus eusian tapi masih keneh warna hejo.
  6. Beuneur koneng. Kaayaan pare anu geus meujeuhna alaeun, geus beuneur atawa aya eusian jeung geus warna koneng.
  7. Dibuat. Ngala pare anu geus usumna diala.

Dina widang tatanen aya istilah-istilah anu remen dipake. Istilah-istilah anu osok dipake dina tatanen di kebon diantarana wae:

  1. Ngabukbak. Muka kebon atawa leuweung anu masih keneh loba tatangkalan pikeun dijadikeun lahan anu bakal dipelakan atawa dipake tatanen.
  2. Ngabaladah. Memener tempat atawa lahan anu arek dijadikeun tempat tatanen.
  3. Nyacar. Meresihan lahan anu arek dijadikeun tempat tatanen tina jujukutan jeung tatangkalan.
  4. Babad. Sarua jeung nyacar. Bedana, mun babad mah biasana make bedog, sedengkeun nyacar mah biasana make congkrang atawa arit.
  5. Ngahuru. Meuleuman tatangkalan meunang nyacar atawa babad.
  6. Ngadurukan. Meuleuman jukut jeung tatangkalan sesa ngahuru nepikeun ka beresih.
  7. Macul. Ngolah taneuh supaya lalempur kucara dipancongan make pacul.
  8. Ngawuluku. Ngolah taneuh ku jalan make tanaga sapi anu narik wuluku.
  9. Nemprang. Ngarempu-rempukeun taneuh anu masih keneh guluntungan meunang macul. Biasana make pacul.
  10. Ngarag. Miceunan sabangsaning akar-akaran tina taneuh meunang macul atawa nemprang.
  11. Ngaseuk. Nyieunan liang dina taneuh make aseuk (tongkat anu tungtung handapna diseukeutan) pikeun dipelakan bibinihan sabangsaning suuk atawa pare.
  12. Muuhan. Ngasup-ngasupkeun binih pepelakan kana liang meunang ngaseuk.
  13. Ngamalir. Nyieun jalan cai di kebon supaya ulah ngaganggu kana pepelakan.
  14. Ngagemuk. Merean gemuk kana pepelakan.
  15. Nyaangan. Ngalaanan jujukutan anu minuhan kebon anu dipelakan.
  16. Ngoyos. Sarua jeung nyaangan.
  17. Ngored. Miceunan jujukutan ti kebon make kored.
  18. Nyemprot. Ngabasmi hama pepelakan make panyemprot.
  19. Tunggu. Ngajaga kebon supaya ulah aya anu ngaganggu.
  20. Panen. Ngala pepelakan anu geus umurna diala
Ikuti

Get every new post delivered to your Inbox.