Mulan
Peuting ieu nu jempling di teras imah bari ngawaskeun kana buruan nu kadeuleu bengras di papaes ku bulan nu geus rada kolot. Kasawang simkuring nu calingukan bari nungguan beulahan genteng nu di tumpuk, teu kungsi lila hiji hiji barudak nyalampeurkeun sa ‘nggeus di hongkeun kusabab katimu panyumputanana. Meong rokcin jeung nu sejena sering di ulinkeun ku simkuring jeung babaturan di buruan imah, komo ari keur caang bulan mah bari maturan ibu nu keur maudan putihan jeung anyameun samak.
Kumangsa harita nu teu aya deui hiburan atawa kaulinan nya sa’nggeus ngaji jeung ngapalkeun teh karumpul di buruan lalaki bikang campur aya nu ulin salekdur atawa sodor jeung sajabana. bari suku nyeker teh teu sieun kacugak atawa di gegel ku sato kasilih ku rame jeung resep dina kaulinan barudak. Didieu di buruan ieu geus teu aya sora barudak nu ting gorowok jeung baturna, nu aya ti jero imah sora jalma bikang geulis ceurik atawa nyarekan silih ngewaan silih parebut harta banda, nu nyaksiana molongo bari nahan napas kabawakeun ku carita dina layar kaca. Sinetron nu ngabius urang teu saeutik mere pangaruh goreng dina laku lampah jeung sifat urang. Kiwari teu aya deui barudak nu marake sarung bari bari silih tembal tembalan ngalagu ” bang kalima lima gobang bang, bangkong ditengah sawah wah, wahai tukang bajigur gur, guru sakola desa sa , saban poe ngaput put, putri nu gareulis lis, lisung kadua dua halu lu, luhur kapal udara ra , rame di jakarta ta, taun pat puluh lima ma, mama meuli kecap cap, cape da tas ulin lin, lintuh da tas madang dang, dangdut kalapa cina si dadang gendut teu di calana…………..”
Ku ayeunakeun mah lagu nu sering kadenge teh lagu barudak ngora nu syairna teu jauh tina cinta jeung cinta, malah teu apal jeung teu aya deui lagu barudak nu kadenge tina sora tip atawa pisidi teh. Masih ngajantreng dina biwir curugan imah bari ngawaskeun ngarangkadakna dahan tangkal buah nu kosong taya barudak nu naraek kana eta dahan, kusabab di carekan ku kolotna. Sarung nu masih di kongkoyong masih atra pisan nyangkleh dina beuheung can di udaran basa pulang ti langgar. Kiwari masih kadenge sorana paudan nu pa adu jeung putihan pandan di teras imah ngelehkeun jemplingna peuting.
Molahkeun
Dijaman milenium anu geus kacampuran ku budaya deungeun masyarakat di kecamatan salem teh masih Alhamdulillah mibanda budaya gotong royong anu kalintang alusna. ngan aya sabeberaha desa atawa kampung anu geus mulai luntur budaya kitu teh, di Banjaran nu kaasup desa geus maju dina widang ekonomina budaya silih bantuan jeung tatangga masih kacida gedena, contohna dina mun aya tatangga keur nyieun imah teh sok ngagereyek mantuan, teu sirikna salembur daratang.
Di desa2 laina oge masih karasa gotong royong dina ngawangun desa teh, paling aya sabeberaha blok atawa desa anu geus rada luntur akibat tina budaya luar jeung pangaruh tina gaya hirup nu geus di agem ku sabagian masyarakatna.
Malah mangsa kabaheulakeun mah istilah Liliuran teh kacida gedena mangaruhan kana kahirupan di lembur, jalma nu rek ngolah sawah atawa humana pasti sok makekeun istilah liliuran. contohna mang suharna nu rajin dina macul atawa molah sawahna sok kapake pisan mun di ajak liliuran teh, liliuran teh istilahna mah silih bantuan ku tanaga dina ngolah tatanen.
Budaya nu ngandung nilai luhur ieu teh sakuduna mah kudu dijaga ku urang salaku masyarakat Salem, ulah sampe lengit ka silih ku bangsa deungeun. memang saeutik2 pasti euweuhna sajalan jeung kahirupan nu beuki majuna boh dina widang informasi atawa globalisasi nu sacara teu langsung mangaruhan kana budaya urang sorangan.
Da geuning eta ayeuna jalma urang mah sok era cenah mun make budaya sorangan istilahna mah teu modern atawa kampungan, padahal teu ngaca yen urang teh aslina mah jalma kampung heuheuy… deuh sok hayang seuri.
Raja Ban
“ca ari rajaban naon coba…? cek si dartam bari nyangklongkeun sarungna kana beheung, “eh tam tuh nu di hareupeun imah ki nandar koneng jeung ban na gede eta rajaban teh” si aca ngajawab rada harus.Bulan Rajab tanggal 27 teh kan isuk, geus biasa di langgar mang haer mah sok rame pisan ngagelar acara Isra mi’raj nabi Muhammad SAW atawa Rajaban cek barudak ngaji di langgar teh. ” jol maneh kabagian naon isuk tampil di panggung teh” simkuring tumaros, ” ah uing mah eta sasairan jeung si aca di baturan ku si jubeh” cek si warjo bari ngalieuk jeung ngunggeukan ka si jubeh nu aya di pipireuna. “atuh meureun kudu ka cigunung rek sasairan mah, tuh di leuwi bahan lauk nilem jeung kekel na jenuk” sim kuring ngabanyolan. ” ah siah… eh jol aing mah can apal euy sairna” si jubeh nyarita ka si warjo, “nggeus tenang bae pan ngke tas magrib di ajaran ku mang Koton” geus kitu mah simkuring saparakanca teh mengkol ka lebah imah ki kusyono da ka lebah dinya jalan ka langgar teh. Peutingna sabada magriban jeung wiridan teh di langgar teh mulai rame ku barudak keur di ajaran ku nu garede. Mang Karto, Mang Tarka, Mang Rosid, Mang koton, Mang Tarkim, ari Mang ahir mah sibuk nyieun sekenario piken sandiwara isukan di panggung rajaban. aya nu sasairan, maca puisi, maca do’a jsb. peuting harita mah nu di ajar teh sumanget pisan nu qiro bi tarki, ari simkuring mah kabagian pulah ngerek leregan anu bisa nutup jeung buka isukan teh, jeung sakalian ngeset panggung dibantuan ku sikustinah jeung kustini. Niti wanci nu mustari ninggang mangsa nu sampurna waktu anu di tangtukeun teh geus nepi, simkuring sibuk ngeset panggung di bantuan kunu sejen panggung jeung pakalangan teh geus rapih da eta rajaban ayeuna mah cenah spesial kiayi nu di undang na ge jauh ti Tasik malah undangan nu di sebar oge ka ustad jeung kiayi nu aya di sakitar salem.Acara hiji ka hiji di pintonkeun ku barudak nu sejen aya maca do’a, puisi, deklamasi, sasairan, boh tanya jawab. ari acara barudak mah biasa di gelar teh sok tiheula, ti sore keneh oge geus mulai tah mun mangsa magrib teh di sela heula ku sholat magrib jeung isa. Geus isa mah acara teh dimulai deui nu lalajo mani sedek aya nu naek kana tangkal jambu teu inggiseun malah nu gawir oge aya, nu jualan oge loba ti jajanan barudak nepi ka jajanan kolot oge aya. atuh pakalangan oge geus pinuh ku undangan ti unggal langgar dahareun geus ngabarak na meja anu nang nginjeum ti sakolaan esde ari babangkon mah ti bale kampung. Group kosidah babusalam geus kadenge suruh naek kana panggung simkuring sigap ngerek reregan anu nag nginjeum ti bu sur da eta nu pang hadena, geus dibuka teh kaluar rombongan kosidah Babusalam anu personilna Cartini, Surtini, Tasri, Sumarti, Tarki, Tarmi masing masing geus nyeugeul genjring hiji sewang geus kitu mah berebet lagu perdamaian di haleuangkeun. Ku acara kitu oge masyarakat di lembur teh kahibur pisan pedah meureun jarang aya hiburan teh. da teu sirikna di dagoan ti minggu kamari rajaban teh. acara anu puncak atawa penutup mah sok di eusi ku sandiwara nu di pintonkeun ku para senior tim kreatif nu maneuh sapertos mang ahir jeung nu sejena. make peralatan anu sa ayana lampu patroma nu nang nginjeum ti masyarakat dinya tetela barudak baheula mah Kreatif pisan ku keterbatasan teh bisa nyiuen peta anu bisa kahadean keur nu lian. Ku baheula mah budak ngalora teh kreatif pisan dina ngayakeun kagiatan nu manfaat. Rajaban ayeuna geus kaliwat teu siga anu waktu katukang rame jeung ngahibur, nyata emang adat teh geus kalingsir ku robahna jaman, modern anu ngancik dina datangna poe meupeuskeun sakabeh gulindahna hate, isuk pageto mah aya dina barudak nu masih resep ulin, ulah ku bisi rempan ku sugan nitipkeun ti nu ngandung jeung ngayuga. di hareup geus didagoan ku datangna poe. Salender nu jadi tatarucingan oge geus teu ngajugrug deui di landeuh cenah gili ayeuna mah geus hideung ku aspal nu nutupan garagal. “ari Rajaban teh naon cing….?”keur para senior langgar Babussalam di era 80an nuhun kapihatur
