Tag Archive | sejarah

Kastolani oge Jelema

Lebaran Haji 1429 H kamari pulang kampung lumayan aya libur tilu poe, nya ngan kitu Ba’da Haji mah teu rame kawas idul fitri ngan rame ku nu mareuncit mbe jeung sapi kurban. poe senen sore biasa mangkat ka jakarta naek travel sabab tos kabiasaan ku praktis jeung efesien. Teu kacarita di jalana hiji hiji penumpang teh turun sa nggeus nepi kanu di tuju, pas turun bapak2 tos sepuh kira kira 70 tahunan eta taksiran simkuring. Rame penumpang nu sejena ngarobrol nyaritakeun eta penumpang anu ka rek turun tadi di hiji imah anu eusina urang salembur keneh. “saha mang eta jalma kolot teh” bari panasaran hiji penumpang ngora nanya ka supir travel, ” apan eta teh nu katelah Kastolani ” atuh simkuring oge milu ngajenghok pas ngadenge Kastolani, da saha atuh nu teu apal kana ngaran Kastolani.cek dongeng kolot mah ieu teh jalma anu ngabogaan sejarah nu aya patula patalina DI/TII di wewengkon salem, malah kasaktian anu di pibanda ku kastolani teh lain bantrak bantrakeun. kukasaktiana eta nepi ka ayeuna manehna masih aya keneh meureun, baheula mah cenah kungsi leungit duka kamana kusabab di teangan ku TNI pikeun di tangkep sabab ieu tokoh teh tokoh utama DI/TII. Saktina kastolani teh kakoncara kajanapria kajamparing angin angin, teu kena di kadek atawa di tembak malah bisa ngaleungit sagala. Memang teu aya bukti atawa fakta anu pasti yen eta teh kastolani anu aya dina sejarah DI/TII di salem, simkuring oge teu sempet ngobrol jeung eta sepuh teh, ngabn pas istirahat di mobil simkuring ngan naros kamana tujuan wungkul, teu naros nu lian liana.mun eta bener kastolani naha kunaon beut naek travel ka jakarta teh? dina jero hate loba patarosan anu masih panasaran, cenah sakti bisa niles atuh teu kudu naek travel nya…? ah….eta mah ngan sangkian simkuring meureun da Kastolani oge jelema anu kena ku hawa gingsir.

Ikuti

Get every new post delivered to your Inbox.