Tag Archive | sastra

Sisindiran Sisindiran

Bahasa kolot mah sisindiran téh asalna tina kecap sindir. Mun nurutkeun kamus Basa Sunda karangan R.Satjadibrata, sindir téh hartina: “Kecap atawa omongan anu hartina henteu sacéréwéléna/saujratna” (ilikan kamus Basa Sunda karangan R.Satjadibrata, kaca 376).

Sisindiran téh nyaéta: omongan anu dibalibirkeun, anu dibungkus. Nya kawajiban urang anu kudu mesékna sangkan ngarti kana naon eusina, tegesna mah sangkan ngarti kana naon anu dimaksud ku nu ngomong atawa nyindiran téa.

Minangka parabot pikeun mesékna téa, urang kudu surti, lemes rasa seukeut harti. Tah mun geus kitu mah, kakara urang bakal bisa ngarti kana maksudna, mun teu kitu mah nya lapur wéh.

Mun ditilik tina wangunanana, sisindiran téh bisa dibagi kieu:

1. Wawangsulan/wawangsalan:
a) Bangbalikan lanjaran
b) Bangbalikan dangding
c) Wawangsalan dangding

2. Rarakitan:
a) Nu ngandung birahi
b) Nu ngandung piwulang
c) Nu ngandung lulucon

3. Paparikan:
a) Nu ngandung birahi
b) Nu ngandung piwulang
c) Nu ngandung lulucon (sésébréd)

Lamun eusi salah sahiji sisindiran “meupeuh” ka batur, disebut sésébréd, asalna tina kecap sébréd = ngabetrik, meupeuh ka batur, puguh waé karasana matak peureus.

Sésébréd, bisa mangrupa rarakitan atawa paparikan. Dina wawangsalan mah langka kapanggih. Jadi, pikeun nyindekkeun hiji rarakitan atawa paparikan bisa henteuna disebut sésébréd, urang kudu nalék eusi éta rarakitan atawa paparikan téa. Lamun eusina meupeuh ka batur, taaaahh.. nu kitu u ngarana sésébréd téh.

Jengglénganana atawa gurat badagna sisindiran téh. Tulisan ka hareup ku uing nyoba digetrut nu kaasup wangunan sisindiran. Pikeun contona kamungkinan sauted heula nya, engké weh tulisan dina waktu séjén khusus dipangnéangkeun conto-conto séjénna.

1. WAWANGSULAN/WAWANGSALAN
Wawangsulan asalna tina kecap wangsul (basa Jawa: wangsal), hartina wangsul atawa balik. Ku sabab kitu, wawangsulan téh osok disebut ogé bangbalikan.

Nilik kana wangunanana, wawangsulan/wawangsalan téh bisa dibagi tilu bagéan, nyaéta:
a) Bangbalikan lanjaran
b) Bangbalikan dangding
c) Wawangsalan dangding

a) Bangbalikan Lanjaran

Bangbalikan lanjaran, nyaéta: sisindiran anu sapadana (bait/kuplet) diwangun ku dua padalisan (jajar). Anu sajajar mimiti disebut cangkang, jajaran ka dua disebut eusi. Jumlah engang dina unggal-unggal jajaran kudu dalapan, purwakantina (sajakna ceuk basa Indonesia mah) nyaeta a – b, sarta aya bagéan anu disebut médium pikeun mindahkeun harti tina cangkang kana eusi.
Contona siga kieu ;

Teu beunang diopak kembung
teu beunang dientong-entong
(médiumna/eusina = lontong)
Teu beunang ditiwu leuweung
teu beunang dipikasono
(médiumna/eusina = kaso)

Ngeunaan bangbalikan lanjaran mah. Conto séjénna, engké baé ku uing dibérébétkeun nya. Énté ogé bisa nyieun sorangan asal saratna ulah lunta tina patokan-patokan nu geus dibéjérkeun tadi.

b) Bangbalikan Dangding

Bangbalikan dangding, nyaéta: bangbalikan lanjaran anu disusun tur dijieun dangding. Ku lantaran kitu, patokan-patokan anu aya dina bangbalikan lanjaran teu keuna pikeun bangbalikan dangding mah.

Ku lantaran dijieun dangding téa, nya patokan-patokanana ogé robah nurutkeun patokan-patokan dangding na baé. Upamana dangdingna dina wangun pupuh dangdanggula, dina dangdanggula téh sapadana aya sapuluh jajar, atuh cukup ku lima bangbalikan lanjaran. Lain deui lamun wangunna dina pupuh sinom. Dina sinom mah, cukup ku opat satengah bangbalikan lanjaran. Pon kitu dina wangun pupuh lianna, saperti dina kinanti, cukup ukur ku tilu bangbalikan lanjaran, jeung saterusna.

Sajaba tinu tadi dijéntrékeun, unggal jajaran bangbalikan dangding teu kudu dalapan engang, tapi gumantung kana aturan pupuh na téa. Jumlah engang unggal jajaran, guru laguna atawa rubah-robahna sora unggal tungtung jajaran (dangdingdeungna) éta kabéh gumantung kana aturan pupuhna.

Aturan nyusun bangbalikan lanjaranana sina selang sekar, cangkang jeung eusina paselang. Wangunan bangbalikan dangding saperti kitu urang sebut waé bangbalikan dangding model kahiji. Sabab, aya deui bangbalikan dangding modél sejenna, nyaeta: “bangbalikan dangding modél kadua”.

Dina bangbalikan dangding modél kadua ieu, cangkang jeung eusi téh disajajarkeun baé. Cangkang ayana dina angkatan wirahma, ari eusi ayana dina pungkasan wirahmana.

Méh teu mulek teuing ku uing dituliskeun atuh keur contona nya.

Conto Bangbalikan dangding model kahiji

Dangdanggula
Méga beureum surupna geus burit (cangkang)
ngalanglayung panas pipikiran (eusi)
Cikur jangkung jahé konéng (cangkang)
naha teu palay tepang (eusi)
Sim abdi mah ngabeunying leutik (cangkang)
ari ras cimataan (eusi)
Gedong tengah laut (cangkang)
ulah kapalang nya béla (eusi)
Paripaos gunting pameulahan gambir (cangkang)
kacipta salamina (eusi)

Sinom
Balandongan ngujur jalan
sok hayang geura los indit
Kendang gedé pakauman
dagdigdug rasaning ati
Balé diréka masjid
nya pikir bati rumajug
Tegal tengah nagara
laun-laun sugan jadi
emas ancur sakieu nya karipuhan.

Conto Bangbalikan dangding model kadua (cangkang jeung eusi disajajarkeun)

Dangdanggula
cai langit duh pupujan ati
laleur hurung duh raja mustika
puputon sekar kedaton
pulas beureum duh lucu
sanggah seungit sumpah gé wani
yén engkang batur cadas
niat badé estu
tilam kuda seja béla
santen bodas sanajan tepi ka pasti
minyak sapi geus téga.

c) Wawangsalan Dangding

Saacan nyawalakeun bab wawangsalan dangding, urang bédakeun heula antara wawangsalan dangding jeung dangding. Boh dina wawangsalan dangding, boh dina dangding, duanana ogé bisa ngagunakeun pupuh anu jumlahna 17 téa. Ngan, dina wawangsalan dangding mah ngandung unsur-unsur bangbalikan. Tegesna, ngandung unsur-unsur “nu dibalikeun deui” atawa ngandung unsur “pesékeun”. Sedengkeun dina dangding mah teu aya unsur-unsur kitu, éstu ngan sacéréwéléna baé dina ngagambarkeun kaayaan téh. Boh ngagambarkeun: kaéndahan alam, atawa papatah, kajadian, jeung sajabana ti éta. Saperti: “Guguritan Laut Kidul”, “Sasambat Kuda Kahar”, “Kiamat Leutik”, “Eling-Eling Masing Eling”, jeung sajabana.

Lamun dibandingkeun jeung bangbalikan dangding, bédana nyaéta: dina wawangsalan dangding mah wangunanana téh sapada (satu bait. Ind) cangkang wungkul, sapada deui eusi wungkul.

Contona:

Sinom
(pada kahiji cangkang wungkul)

siki tarum rina kembang
badoang manuk badori
eunteup dina kalijaga
manuk walét jangjang beusi
cihcir disada peuting
dina pucuk kembang tanjung
kuma piakaleunana
melak supa semar jadi
daun bakung pisitan buah kokosan

(pada kadua eusi wungkul)

béak taun béak bulan
ngadagoan bagja diri
teu ayeuna sugan jaga
rék weléh inggis ku bisi
mikir beurang jeung peuting
ripuh dipupuk ku bingung
kuma piakaleunana
sangkan téréh ngajadi
gering nangtung mikiran munggah hoshosan.

Naon-naon nu dimaksud sisindiran dina wangun kahiji, nyatana wawangsalan. Syukur lamun teu kaharti, jadi Énté bisa néang sumber séjén nu leuwih jéro. Ayeuna urang teruskeun kana wangun sisindiran nu kadua, nyaéta: Rarakitan.

RARAKITAN
Rarakitan, asal kecapna tina rakit, hartina: pasang. Sarakit, hartina sapasang. Jadi, rarakitan pihartieunana téh: Papasangan.

Anu disebut rarakitan nyaeta: sisindiran anu sapadana diwangun ku opat jajar. Dua jajar (jajaran kahiji jeung kadua) mangrupa cangkang, dua jajar deui (jajaran katilu jeung kaopat) mangrupa eusina. Jajaran kahiji téhr, ngarakit jeung jajaran katilu, lamun jajaran nu kadua ngarakitna jeung jajaran kaopat. Purwakantina : a – b – a – b.

Upama nilik kana eusina, rarakitan téh bisa dibagi-bagi jadi tilu bagéan, nyaéta:
a) nu eusina ngandung birahi (karesep Énté lah nu kieu mah)
b) nu eusina ngandung piwulang (nu Énté sok hareudang geningan mun dipapatahan téh)
c) nu eusina ngandung lulucon (sésébréd)

Conto rarakitan nu ngandung birahi

kaduhung kuring ka Lémbang
ka Lémbang ka Cibiana
kaduhung kuring kagémbang
kagémbang kieu rasana

sapanjang jalan Soréang
moal weléh diaspalan
sapanjang tacan kasorang
moal weléh diakalan

Conto rarakitan nu ngandung piwulang

meuli wajit jeung jawadah
kapaké hajat kiparat
masing rajin nya ibadah
kapaké dunya akhérat

méméh ngagelarkeun kasur
samak heula ambéh rinéh
méméh ngomongkeun ka batur
tilik heula awak manéh (hehehehe….burayut kénéh euy…)

Conto rarakitan nu ngandung lulucon (sésébréd)

majar téh cau lampénéng
cau kepok dina nyiru
majarkeun téh lengkéh koneng
gening nya dekok nya gembru (hahahaha…énté pisan ieu mah euy…)

rarasaan melak cau
teu nyaho mun melak cabé
rarasaan asa lucu
teu nyaho mun matak réhé

Héhéhéhé….kitu meureun nu dimaksud rarakitan ogé. Saméméh panon uing beurat ku tunduh, urang tuluykeun kana wangun sisindiran nu katilu nya, nyaéta: Paparikan.

PAPARIKAN
Paparikan, asalna tina kecap parek = deukeut. Wangun paparikan sarua jeung rarakitan. Anu ngabédakeunana, nyaéta: dina paparikan mah tara aya kecap anu dibalikan deui. Cangkang jeung eusina ngan “deukeut sorana” wungkul. Nilik kana eusina ogé sarua jeung rarakitan. Siga kieu conto-contona mah.

Conto paparikan nu eusina ngandung birahi

ngala saga sisi huma
disamberan ku waliwis
tiis raga tiis sukma
lantaran jadi ka nu geulis

suwangkung ulah dihumbut
pikeun tihang papanjangan
nu jangkung ulah sok imut
bisi kuring kaédanan.

Conto paparikan nu eusina ngandung piwulang

ninyuh ubar ku cipati
diwadahan piring gelas
anu sabar éta pasti
ku Allah dipikawelas

papan kiara ditatah
iraha jadi lomari
mun bisa miara létah
mokaha salamet diri

Conto paparikan nu eusina ngandung lulucon (sésébréd)

jeruk purut Cikaruncang
jambu aér Wanayasa
camerut hayang ka bujang
susu laér teu karasa

cau kepok keur rumégang
dieunteupan bondol héjo
keur dekok katambah égang
ditambahan olol lého
( hahahaha… )

Kaulinan Barudak Lembur (#01)

Dina wanci anu geus maju ka sore di kampung kuring mah geuning sok masih karasa pisan dina ingetan malah masih ka ambeu bau hasep anu keur ngaduruk ruab bari kadenge sora sapu nyere ngagusrek, kadenge sora mbe anu keur di paraban kunu bogana.ari pun ibu mah keur nyeksrek ngarapihkeun putihan anu karek tadi nang moe sapoe jeput, nya bari ngadengekeun radio ti tatangga nu keur nyetel lagu jaipongan ti RRI Bandung.ari simkuring mah geuning geus siap tos make baju rapih teu katinggaleun sarung anu halerang baheula mah keur ngetrend da eta oge hadiah simkuring di sunatan, ti luar geus kadenge sora barudak keur arulin di buruan aya nu keur meong rokcin,Meong rokcin ieu mah kaulinan barudak anu modelna teh sarua jeung ucing2an atawa memeongan tapi make belahan genteng anu di tumpuk aya sapuluh atawa leuwih terus di peupeuh ku mungkal tah sapug anu jadi meongna meresan teh anu laina teh buru2 nyamuni terserah dimana, tah mun geus rengse numpukeun gentengna si meong teh neangan barudak nepi rengse hiji2na bari nyebutkeun ngaraan budakna bari jeung terus lumpat agage kana dekeuten tumpukan genteng ulah sampe di piheulaan kunu di hongkeunana tah lamun sampe kapiheulaan nu di hongkeun teh langsung nendang kana eta tumpukan genteng sampe ka mawurna tah mun kitu nu laina bisa nyamuni deui.tah ieu kaulinan teh sering pisan di lakukeun ku barudak umumna mah pasosore memeh ka langgar.Ari di gili mah puguh geus ngajejer bebecaan anu nang nyieun tadi beurang malah si aca mah sok pang hadena ari nyieun bebecaan teh, ari anu jadi ban atawa geledegna tina tangkal langgru anu di potong kira2 10cm kandelna terus di copongan di anuan awi keur barungbung tah ari jumlahna opat gelegna di colokna ku tangkal kopi atawa jambu pedah eta pangkuatna jeung lentur jadi jarang potong, ari keur pangdiukana mah make tangkal awi nang nyirihan sagede 3 ramo leungeun terus nu hiji dipaku kana cocolok anu tukang ari nu hareup mah di hijikeun nang nyopongan terus di asupkeun kana lokrak anu aya di cocolok anu hareup, anu guna na keur suku ngulah ngalihkeun kenca katuhu amih bisa belok. supaya jalana tarik mah dina bah barungbung di bere oli boh tina oli bekas mesin tapi nu sering mah make daun atawa kembang wera nang nutuan campur cai pasti lesang jeung teu kotor kacida kana lengeun urang. si aca mah malah geledegna ge make di bulen ku urut sendal jepit nang motong ieu gunana keur ngajaga geledeg awet kana beulah oge ari keur jalan karasa leuwih empuk.Tapi kahade ulin bebecaan mah kuring oge sering di carekan ku pun ibu pedah eta meureun bahaya bisi aya mobil atawa motor, malah bisi tiguling atawa kaceupet da emang bener kuring oge sering tiguling jeung kaceupet ku awi komo ari kacepetna bah bobogaan mah asa handeueul kana ulu hate, tapi ari resiko katabrak mobil atawa motor mah jarang malah hampir teu acan aya anu pernah pedah eta masih jarang baheula mah. Adzan ti langgar mang haer geus kadenge barudak buru2 ngampihkeun bebecaana ka pipir imahkeun bari jeung nyaritakeun ngke tas ti langgar coang bebecaan deui yuk… hayu cek kuring nembalan di barengan kunu sejena. nyambung….

Dongeng mang Jaya

Wilujeung tepang dei dina acara anu maneuh dongeng enteng pangbeubeurah manah, mang Jaya saparakanca ngahaturkeun dongeng dina judul ci mata indung, hawar2 kadengena tina radio si Jubeh merk Telesonic anu nang meli ti ki roni banjaran, malah ku si uwes mah geus ditawar bae eta radio teh tapi teu di biken ku bu daud teh. Harita mah resep pisan kana ngadengekeun dongeng mang jaya teh da ulah elat mun bisa mah sabab bakal katinggaleun caritana jeung modal keur ngobrol jeung babaturan teh jadi kurang nyambung mun urang teu nyaho di kalanjutan caritaana.
Lamun urang keur karumpul di sakola pas keur euweuh guruna sok karumpul dina meja bari nyaritakeun kajadian2 anu ka alaman atawa nyaritakeun carita lanjutan dongeng mang jaya anu kamari sore, malah sok ngarang carita anu bakal kajadian salanjutna, lain deui si eta mah malah sok nga agul2keun tokoh carita atawa lalakona cenah cek basa gaul mah.
Gede pisan pangaruh dongeng harita teh da eta we mun pas sore teh jam 3an geus gulingggasahan kamana ngadengekeun dongeng teh, maklum harita mah simkuring teh can gaduh radio nya kitu we aprak2an miluan ngadengekeun radio di imah batur.
harita amah anu sok kaanjangan teh imahna si Jubeh, si Toto, si Bening, bu Casmini, bu Duski, jeung eta imah si Tarwi maklum da ari pas keur ulin dimana bae sok sakasampeurna dimana anu deukeut keur nyetel dongeng.
ari carita dongeng mang jaya teh anu inget mah harita teh cimata indung anu nyaritakeun budak anu ngarana Rojali nu teu ngaku ka indungna tah ieu caritaan teh matak ngangres kana hate malah teu sirikna ngaluarkeun cimata. aya oge si bandara jeung si saron anu boga musuh nini kalingking ieu mah caritana matak resep sabab sok di praktekeun ku barudak dina sisilatan ari tas ngaji di langgar mang haer malah apanan si bandara mah boga pusaka wesi kuning tah eta pusaka teh kacida saktina, aya oge carita karajaan islam Umarmaya jeung umarsaid eta caritaan teh simkuring ge rada poho euy…
Mang ronyok jeung bah lemud anu munjung kana begog eta dongeng mang Jaya anu rada horor sabab nyaritakeun siluman2 jeung bangsa leuleumbut, masih loba caritaan dongeng mang Jaya anu sejena.
heuhhh…. waktosna seep… kadang eta nu matak hanjelu teh puguh jalan caritana keur raramena tapi hanjakal waktosna seep.

di haturkeun kangge : kel si Jubeh, kel si Toto, kel si Bening, kel bu Casmini, kel bu Duski, jeung keluarga bu Tarwi hapunten anu kasuhun hampura nau di teda parantos ngarepotkeun, Haturnuhun pisan kana perhatosanana. (ieu carita anu teu weleh inget bae dina mangsa ngke keur caritaeun ka anak incu)

Ikuti

Get every new post delivered to your Inbox.