Tag Archive | sapopoe

5 poe deui

Aya lima poe dina saminggu poe pasaran, tapi anu mindeung sok di dagoan ku urang Salem mah ngan ukur aya dua nyaeta Manis jeung Paing. Manis mah pasarana nu sok aya di Salem kaler ari pusatna di desa Bentar, nah upami paing mah ayana di Salem. Unggal lima poe sakali mah jelma anu aya di wilayah salem mah tumplek ka pasar pikeun nyumponan pangabutuh sapopoe, atawa keur lima poe kahareup. Macem macem produk nu di pasarkeun di Paing teh, boh tina hasil tatanen atawa tina ingon ingona, tapi nu pokokna mah sembako. Tina hasil industri rakyat oge loba nu di jual di pasar paing diantarana samak atawa tiker nu asalna tina pandan. Kabaheulakeun mah mun ngajual samak teh sok isuk2 pisan, tas subuh teh pun ibu teh sok ngingkrig ka landeuh mawa saleumbar samak pandan, di pertelon brak teh geus ngajagrag bakul, mang ngkus katelahna nu sok melian samak teh, malah lain samak bae eta katut ka hayam atawa domba oge mang ngkus mah sok ngabakul. regana samak teh baheula mah ukur sarebu atawa sarebu duaratus eta oge nu rubak samakna. Duit baheula Sarebu teh sok meunang naon bae ti paing teh, pokona mah pangabutuh keur lima poeeun sok sanajan kurang oge. Ku kahirupan di kampung baheula mah memang rada susah da eta ku dahar jeung ceuleum ndog oge ka asup deungeuna anu mewah komo lauk hayam mah, ku dahar lauk hayam mah sataun teh bisa di itung eta oge mun keur aya ngarosulkeun mun ek panen pare atawa nyalin, atuh bada idul fitri jeung raya gung mah osok ku hayam jeung kupat mah. nu jadi pokok baheula mah ku aya lauk asinan atawa tempe oge geus geunah dahar teh, malah sakapeung mah sarapan isuk teh ngan ukur we goreng uyah jeung bawang. ku sederhanana urang lembur simkuring baheula mah mun beurekat ti nu sidekah teh laukna jeung eta kulub ndog bebek sabeulah. nya kitu di imah teh sok rebutan jeung pun kaka atawa adik, ku pun ibu teh sok di bagi lima eta ndog teh nya agede pasian jeruk.tapi seneng henteu na mah lain tina lobana kadaharan atawa pangaboga, ku sakitu oge kaluarga teh syukur pisan masih aya nu di dahar. malah kungsi kejo jagong teh jadi kadaharan pokok sapopoe, Reumbeuy jagong kateulahna. Sambeul tolenjeng anu sok jadi batur satiana. sasat unggal poe jeung di lembur teh hampir sakabeh ngalaman nya eta sabagian leutik kahirupan nu ka alaman ku simkuring waktos harita, nu ayeuna jadi kenangan manis. Ti taun 90an kadieu keun mah tarap hirup masyarakat teh beuki maju, teu ngandeulkeun paing atawa manis ku warung nu aya di lingkungan sakitar oge bahan2 sembako teh geus sadia, malah jaringan perusahaan Alfamart oge ayeuna mah geus nyantong di Salem. Uyah nu aya dina catang hawu oge sok jadi kabiasaan sapopoe keur batur kejo, jeung lauk manuk peucuk cenah dahar teh cek si awing nawaran ngawadang sabada budal sakola teh bari ngaronjat kana gantungan boboko kejo nu nyanggantung dina luhureun hawu. bari ngarangeum kejo ku leungeun nu can sibanyo2 acan terus celebek ngahuapkeun kejo kana jero sungut, teu aral ku teu aya deungen kejo teh isuk atawa pageto mah meureun aya nu bisa di dahar deui. ayeuna mah kari ngalakonan jeung nyukuran kana naon nu di piboga, duka lima poe kahareup mah si ibu teh masih ngakeul kejo henteu? hareupan anu luhur aya dina barudak anu keur meujeuhna waktuna arulin, barudak ulah arulin teuing mending oge bantuan kolot. sa eutik gedena kolot teh mere contoh jeung piwuruk keur barudak ulah males dina nyanghareupan hirup nu duka lima poe kahareup mah ibu masih bisa ka paing atawa henteu da pandan nu di kebon teh geuning ku hama daun. malah nu uwa ama mah geus di cacaran di ganti ku pelak budin langbong jeung manehot nu terkenal hipu jeung amis. hareupan ua teh aya dina pelak budin manehot sugan we isuk pageto mah beutina leubeut jeung hipu di asakana atuh rasana oge raos jeung pulen. isuk geus paingan deui…

Ikuti

Get every new post delivered to your Inbox.