Wagean
WAGEanAya 5 poe pasaran teh ti pon, wage, kaliwon, manis jeung paing tah pas kamari liwat ka bumiayu teh pas pisan wagean. ngan hanjakal isuk2 teh masih hujan sisa tadi peuting nu akhirna rame na teh kabeurangnakeun aya macem macem di pasar wage teh ngan nu terkenal mah pasar wage teh tempat kumpulna jalma nu aya di wewengkon brebes selatan diantarana Salem, Bantarkawung jeung Bumiayu pikeun mawa ingon ingon keur dijual di wagean. aya nu mawa Manuk, Japati, Entog, Hayam pokona sabangsa unggas malah nu terkenal mah pasar wage teh tempatna neangan atawa ngajual Mbe jeung Sapi atawa Munding.”ari mang ahir mawa naon bae ?” cek mang iwo”ah teu jenuk da ngan ukur mawa cingglek, joji jeung pedet” mang ahir ngajawabsinghoreng eta teh mang ahir jeung mang iwo teh tas ngajual manukna ti wage kabeneuran sa mobil jeung simkuring. geus biasa angkutan nu aya di Salem Bumiayu teh aya nu terbuka atawa pick up jeung mini bus l300, ngan waktu eta mah simkuring naek openkap da sok resep pisan diuk ti tukang ngarasakeun di usapana ku angin nu nebak kana bengeut nyiklakeun buuk nu nutupan mata, ka ambeu pisan bau pare nu keur meujeuhna karoneng sakeudeung deui rek di panen.ari mang ahir mah puguh da eta tatangga simkuring nu geus ti baheula usahana dina widang ngala manuk jeung dijualan ka wagean atawa saha bae nu rek meli mah tinggal datang ka imahna di kebonjengkol. ku di tilik tina kitu mah mang ahir teh ka asup jelma anu kreatif di kampung simkuring teh ngke insya alloh di guar di caritaan sejen.ari mang iwo mah sabeh dieukeun usaha jual beli manuk teh “da eta baheula mah sim kuring teh sok ngenekan angkutan openkap salem bumiayu” cek mang iwo mulai nyaritakeun pangalamana. “meunang timana bae manuk teh mang” simkuring nanya bari naliuek kana kurungan manuk nu di bawa mang iwo ” ah ari simkuring mah manuk teh sok meunang ti barudak nu sok kaleuweung ngadon ngala manuk, simkuring mah ngan ngagantian ongkos capek barudak bae alias meuli” bari ngahadekeun kantong kertas nu dijinjing duka naon eta eusina.”atuh jadi bos na meureun mang teh, lumayan nya usaha kieu teh? simkuring nanya deui talek, bari serui leutik mang iwo teh unggeuk nandakeun ngaiyakeun beuner patarosan kuring teh.tah geuning pasar wage teh boga peranan penting keur perekonomian di brebes selatan teh, malah aya oge nu sekedar hiburan ka pasar wage teh sapertos mang sarkum salem nu geus ti suk keneh aya di pasar wage nya kitu bari balanja nganteur pamajikana balanja keur ngeusi warungna. nya kitu tos biasa cenah kuring mah ku resepna ka wagean teh padahal nya kitu ngan saukur ningali anu ngajual sasatoan ingon2 da ari meuli mah jarang jarang. mang sarkum anu baheulana cenah urut supir bus luar kota teh ayeuna mah ngan ukur nyupir di salem eta oge ari keur keyeng, simkuring anu tadi padeuleu di pertelon bumiayu teh malah disangka cena geuning mirip jeung anak kandung ti pamajikan nu ti heula, simkuring ge da kenal keneh ka anakna teh malah ayeuna mah jadi tatangga deukeut di lembur.Tempat tempat nu baheula mah masih kanpung teh geuning ayeuna mah rarobah ku majuna jaman contona eta geuning ningali imah harade sapanjang jalan teh. malah Tower2 operator telepon teh nalaktak pisan ayana.teu karasa jalan teh geus jauh ninggalkeun pasar wage mang maman teh nu titadi nyekelan setir teh ngadadak ngerem mobilna bari tarik narita “sok bisi rek ngarinum jeung jajan” singhoreng teh mobil nu di tumpakan simkuring saparakanca teh geus anjog di hiji tempat anu aya warung. ieu tempat teh geus aya ti baheulana eta we ti simkuring leutik keneh oge ieu warung teh geus aya malah baheula oge biasa ari tas ti bumiayu teh geur rutin pasti eureun di dieu ngadon nginum rujak dawet jeung buras atawa ba’wan.”neng dawetna hiji” cek mang maman bari di turutan ku nu sejen, da eta mah geus menu anu aya ti baheulana rujak dawet teh. celeubek mang iwo ngadahar buras jeung gorengan bari ngadagoan rujak dawet. nu ngajualna teh masih budak keneh umur welasan meureun eta mah anakna keur ngagantian ibuna. jelas pisan pangalaman pulang teh siga bari ngulang ka jaman kapungkur.