Lempang Nanjak
Ku dipasihana dodoja hirup teh urang sering aral jeung ngarasula, tah ieu teh lir ibarat leumpang nanjak. apan nyaho sorangan urang mun keur leumpang nanjak teh cape we nu aya mun urang teu kuat apanan sok mopo tah beuki lila we nepi ka nu datar teh, tapi mun urang soson soson jeung leukeun, sabar jeung di barengan ku kaikhlasan mah geuning teu burung nepi oge ka puncak. ngke mun geus di puncak mah sok meunang pamandangan anu endah ieu mah ngan saukur pangibaratan hirup urang nu keur melendang di alam dunya.Ku datangna seneng jeung susah teh tergantung urang anu nyikeupanana, mun keur datang kaseneng teh kahade sing inget da ieu mah henteu langgeng, sing inget ku ayana seneng teh da lantaran aya kasusah pastina tah dua papasten eta teh teu bisa di pisahkeun.Ieu simkuring nu ngahartikeun waktos ngobrol jeung batur digawe anu kaleresan tos meunang umur, pa hidayat kateulahna mah tah dina babalagonjakan teh si manehna nyaritakeun si kabayan nyaeta tokoh imajinatif urang sunda nu teu kanyahoan aya henteuna mah, cenah si kabayan mah mun keur lempang nanjak teh sok ngahariring tetembangan tah kabalikanana mun keur mudun mah malah sok sedih.Pangibaratan si kabayan teh saluyu jeung kahirupan urang anu hartianeun mun keur nimu kasusah teh sok seneng da ngke pasti nimu kaseneng atuh sabalikna mun keur nimu kaseneng sok sedih kusabab bakal nimu kasusah.Nu matak ulah kamalinaan jeung kaleuwihan.