Tag Archive | layung kumbang

Layung Kumbang 2

Karya : kiJablodeng  

    Arsaputung korejat henjat bari ngagajleng ka luar warung bi tasih, sibawor nu geus teu kuat nahan amarahna langsung ngaheumbatkeun peureupna, seaakkk… wuttth… gilek arsaputung ngagiwar, plos peureup sibawor ngeplos nenjrag angin.
kadeuleu kekempongana kibawor kosong, arsaputung teu ancaparah deui langsung ngaheumbatkeun peureup buleudna jedak… pas pisan, dayagdag kibawor ngadayagdag keur kitu di susul ku tendangan suku katuhu arsaputung bari ngawatek ajian barsatkilat, seaaakkk jedak… gubrag sibawor ngajengkang….. , Korejat sibawor hudang masang kuda2 serepet ngalugas bedog panjang, gurilap herang bedog matak serab jeung matak gindir mun ku jalma biasa mah. tapi lain ge si arsaputung nu kudu mundur.

” sok lah bawor ku aing moal teu di layanan, mangkeluk model sia mah kudu ulah aya di ieu lembur, urang begalan pati nepi ka aya nu kudu incah ti ieu lembur”

” geura sambat indung bapak sia arsa…. sakeudeung deui sapat beuheung sia…”

    sebrut sibawor luncat ka hareupeun arsaputung bari ngaheumbatkeun bedog panjangna, seakk….. sakeudeung deui ngarah kana beheung, lep.. arsaputung dongko ngagiwar rikat, teu anjog dia bedog panjang sibawor muwat mawit ngarah kana awak arsaputung ti kenca ti katuhu ti luhur ti handap, tapi arsaputung lewih gesit gulak gilek teu aya nu kena.

lila arsaputung ngulinkeun si bawor nepi ka ngos ngosan capeeun, arsaputung teu micen kasempetan ieu ningali suku sibawor ngemplong, langsung dongko sukuna ngait ti belah katuhu. juralit si bawor ngajuralit katukang terus nggedebut labuh nagkarak, bedogna mecleng jauh….

Ikuti

Get every new post delivered to your Inbox.