Kaulinan Barudak Lembur (#01)
Dina wanci anu geus maju ka sore di kampung kuring mah geuning sok masih karasa pisan dina ingetan malah masih ka ambeu bau hasep anu keur ngaduruk ruab bari kadenge sora sapu nyere ngagusrek, kadenge sora mbe anu keur di paraban kunu bogana.ari pun ibu mah keur nyeksrek ngarapihkeun putihan anu karek tadi nang moe sapoe jeput, nya bari ngadengekeun radio ti tatangga nu keur nyetel lagu jaipongan ti RRI Bandung.ari simkuring mah geuning geus siap tos make baju rapih teu katinggaleun sarung anu halerang baheula mah keur ngetrend da eta oge hadiah simkuring di sunatan, ti luar geus kadenge sora barudak keur arulin di buruan aya nu keur meong rokcin,Meong rokcin ieu mah kaulinan barudak anu modelna teh sarua jeung ucing2an atawa memeongan tapi make belahan genteng anu di tumpuk aya sapuluh atawa leuwih terus di peupeuh ku mungkal tah sapug anu jadi meongna meresan teh anu laina teh buru2 nyamuni terserah dimana, tah mun geus rengse numpukeun gentengna si meong teh neangan barudak nepi rengse hiji2na bari nyebutkeun ngaraan budakna bari jeung terus lumpat agage kana dekeuten tumpukan genteng ulah sampe di piheulaan kunu di hongkeunana tah lamun sampe kapiheulaan nu di hongkeun teh langsung nendang kana eta tumpukan genteng sampe ka mawurna tah mun kitu nu laina bisa nyamuni deui.tah ieu kaulinan teh sering pisan di lakukeun ku barudak umumna mah pasosore memeh ka langgar.Ari di gili mah puguh geus ngajejer bebecaan anu nang nyieun tadi beurang malah si aca mah sok pang hadena ari nyieun bebecaan teh, ari anu jadi ban atawa geledegna tina tangkal langgru anu di potong kira2 10cm kandelna terus di copongan di anuan awi keur barungbung tah ari jumlahna opat gelegna di colokna ku tangkal kopi atawa jambu pedah eta pangkuatna jeung lentur jadi jarang potong, ari keur pangdiukana mah make tangkal awi nang nyirihan sagede 3 ramo leungeun terus nu hiji dipaku kana cocolok anu tukang ari nu hareup mah di hijikeun nang nyopongan terus di asupkeun kana lokrak anu aya di cocolok anu hareup, anu guna na keur suku ngulah ngalihkeun kenca katuhu amih bisa belok. supaya jalana tarik mah dina bah barungbung di bere oli boh tina oli bekas mesin tapi nu sering mah make daun atawa kembang wera nang nutuan campur cai pasti lesang jeung teu kotor kacida kana lengeun urang. si aca mah malah geledegna ge make di bulen ku urut sendal jepit nang motong ieu gunana keur ngajaga geledeg awet kana beulah oge ari keur jalan karasa leuwih empuk.Tapi kahade ulin bebecaan mah kuring oge sering di carekan ku pun ibu pedah eta meureun bahaya bisi aya mobil atawa motor, malah bisi tiguling atawa kaceupet da emang bener kuring oge sering tiguling jeung kaceupet ku awi komo ari kacepetna bah bobogaan mah asa handeueul kana ulu hate, tapi ari resiko katabrak mobil atawa motor mah jarang malah hampir teu acan aya anu pernah pedah eta masih jarang baheula mah. Adzan ti langgar mang haer geus kadenge barudak buru2 ngampihkeun bebecaana ka pipir imahkeun bari jeung nyaritakeun ngke tas ti langgar coang bebecaan deui yuk… hayu cek kuring nembalan di barengan kunu sejena. nyambung….
Kintunkeun ka :
Like this:
Kolecer
Kongkorongokna hayam ti pipir imah geus nandaan urang lembur kuring teh sina harudang, hawar2 sora nu adan ngageroan ka nu masih salare sina geura indit ka masjid atawa langgar pikeun ngalaksanakeun kawajiban solat subuh. di goah geus mulek ku haseup pun ibu keur ngejo nyiapkeun kadahareun pikeun sarapan isuk oge bawaaeun sangu keur ka sawah.Singhoreng ayeuna teh mangsa keur koneng pare keur meujeuhna loba manuk piit di sawah teh. matapoe geus nembus kana sela2 dingding awi nu geus lila can di ganti, haseup nu katojo miluan ngajak oyag simkuring sina incah. Poe ahad harita teh pun ibu jeung bapak rek ka sawah cenah rek ngala pare syarat keur ngke peuting rek ngarosulkeun mun cek urang lembur mah nyalin. simkuring teu cicingeun ngingkrig nuturkeun pun ibu jeung bapak bari ngajingjing bedog leutik nu teu di sarangkaan. Dipaleubah rungkun awi kebon sorangan pun bapak mah ngala awi nu geus garing terus di potong geus kitu mah di bawa ku bapak ka sawah. “pa kangge naon eta awi teh ” sim kuring nanya bari kerung, pun bapak bari ngecagkeun awi di pipir saung terus ngajawab “tah jang ieu ngke urang coang nyiuen kolecer”. Kolecer teh salah sahiji kaulinan barudak di lembur ari bahan na mah macem macem aya tina awi, kai, atawa baralak daun kalapa. Bentukna na mah meh rek sarua ngan nu beda teh baling balingna aya nu dua, tilu atawa opat. sapug bapak netrek nyiun kolecer teh simkuring oge teu cicingeun milu ngarewong nya kitu nurutan nyieun kolecer oge pedah simkuring mah nyieuna nu leutik.ari pun bapak mah nyieun kolecer sote aya gunana nyaeta keur ngararame di sawah pedah di tukangna sok make tampolong, tah tampolong teh jadi kasada sabab ka tabeuh ku paku nu di talikeun kana cocolok kolecer, pas keur ngeuning teh paku miluan muter nu antukna nabeuhan tampolong. ari gunana mah keur ngusir manuk piit nu sok meakeun pare di sawah nu keur koneng. simkuring mah nyieun nu leutik pikeun di bawa ka imah di pasang di tukangeun imah angina gede dekeuteun paranje. pipireun imah nini surwi bari naek kana tangkal cengkeh sok resep ningali kolecer ngening nu nang nyieun sorangan. tah mun keur mangsa halodo jeung angina gede sok pahade2 nyieun kolecer unggal imah patembalan. Sapertos kolecer nu masih ngening hirup urang oge kitu ayeuna mah keur ngening jauh ti goah nyawang paranje nu geus kosong kari suluh nu numpuk ampihaneun.
Kintunkeun ka :
Like this:
Beubeudilan
Bebeudilan anu di jieuna tina awi peuleut kira2 30 senti, ari nu jadi cocolokna oge tina awi jeung make gagang pelorna mah make buah nyere atawa kertas nu nang nyaian. ari keur mangsa buah nyere mah sok make eta buah ngan eta mun make eta mah ari pas kena kana awak urang teh sok peureus karasana, malah sok baleureum.
kaulinan ieu di pake barudak sabada pulang sakola, pepeurangan nurutan na filem rambo atawa janurkuning nu terkenal filem sejarah bangsa urang. tukangeun imah si aca baheula mah aya kebon awi jeung gawir deukeuteun imah si watam didinya sok mindeng barudak ulin bebedilan. ayeuna mah kebon awi teh geus teu kadeuleu kasilih ku ngajugrugna imah, bebedilan oge geus kasilih ku pepestolan tina atum cenah mah malah bangsa deungen nu nyieuna oge, cina emang.
Kintunkeun ka :
Like this:
Nu ngageugeuh
Paluruh
Radio Baraya Sunda
Babaturan :
nu Haneut keneh
- BBM Lain Gusti Pangeran
- D U I T
- Endog lini
- Pulungan nu hadena
- Setyo Setuhu
- 2011 in review
- Ampun Paralun…..
- Teteup Manehna
- Ngurus Lembur ngajaga Lingkungan
- Marak Cigunung
- Nagara ibarat Gamelan
- Liang Cai
- Uwa Sukir
- Kuma cek maraneh we
- Takir mun Taraweh dina malem Likuran
- Munggah 1432 Hijryah
- Lamunan
- Backpacker di Brebes #2
- Backpacker di Brebes #1
- Mulan
- Ngaboyor
- Haturnuhun mang Darno
- WANGSIT
- Poe keur Bibirintik
- Kiriman paket BOM
- Sisindiran Sisindiran
- Bako Mole
- Pungpulutan
- Buah Reba
- Caritaan di Kebon Albi
Hiliwir
Statistik Blog
- 7,148 nu kasarung