Tag Archive | hiburan

Kasinoman

Januari 2008 Liburan panjang kamari ti kawit kaping 29 Desember 2007 s/d 06 Januari 2008 luamayan carape. pas poe pertama eta tatangga sabelah rek nikahkeun anakna meunangkeun urang jauh ti Purworejo. nya peuting harita pisan langsung di undang pikeun ngayakeun pembentukan panitia alias manggeleng cek urang salem mah. nya tujuanana mah pikeun ngatur masing2 tugas anggota panitia hajatan sakalian nangtukeun undangan nya sanajan beda oge adat adat masing2 desa nu aya di Kec Salem. dugi ka prukna hajat teh sukses sanaos mata cape kurang sare da eta marelek biasa lah aya nu garaplehan jeung remi bari maturan nu hajat, tapi luginah kana hate sabab masih aya jelema anu masih ngangken kana bantos baik tina segi moril atawa materil. nya kitu ari hirup di kampung mah kudu silih bantu da moal jeung saha deui atu urang rek silih bantu teh lamun lain jeung tatangga deukeut komo masih dulur mah. Da eta sa entos na babantu di nu hajatan teh aya deui bae anu bade mindahkeun imah komo ieu mah masih dulur ti mitoha sanaos rada anggang oge rompokna. eta wae seru pisan mindahkeun imah teh di angkat rame rame da pedah eta imah dinding. tah eta budaya atawa adat di salem teh nu kudu di mumule ku urang supaya teu luntur ku budaya deungeun anu ayena tos asup ka desa desa urang, malah kadang ngaruksak prilaku urang sadaya.

Layar Tanceb

Sore harita langit lenglang moleretna mata poe panas geus geser ti beulah kulon, sora hawar2 ti masjid salem geus kadenge ngageroan keur urang sina geuwat ngalaksanakeun ibadah sholat ashar.
Pasosore ba’da ashar kabiasaan nyore bari nenjo di sisi gili, kadenge sora nu cocorowokan na speaker mere beja yen ngke sore aya hiburan layar tancep nu di suguhkeun ku dinas penerangan. Bungah pisan ngadenge kabar eta teh, berarti ngke peuting urang babarengan lalajo filem di lapangan salem.
Sabada sholat isya simkuring biasa geus siap2 jeung babaladan langsung ti langgar mangkat ka lapangan masih keneh make sarung, lumayan pan tamba tiris teuing ari mawa sarung mah. Anjog ka lapang teh masih can rame nu rek lalajo ngan tukang nu daragang mah geus ngabarak nembrakeun dagangana, aya kulub suuk, cilok, bakso jeung nu sejena. Simkuring mah jeung babaladan langsung arulin di tengah lapang aya nu ces cesan, sisilatan atawa aya oge nu ngadon pa uber uber.
Teu karasa nu lalajo geus minuhan lapang salem ti suklakna ti sukleukna nu kolot nu ngora jeung barudak geus ngaliud aya nu ngagelarkeun samakna malah aya nu nyangu oge mawa ti imah. Nu lalajo geus aya nu gegeroan supaya filem agage di puter, ngan kitu tukang filem mah teu malire masih keneh cocorowokan mere penerangan ngenaan keluarga berencana bari sakapeung mere hadiah ka nu lalajo. Layar kasorot ku lampu proyektor nu lalajo mulai repeh, nu di hareup ge geus tatan tatan dariuk. Filem extra geus di mulai nya ngan kitu masih filem penyuluhan penerangan, tapi ku sakitu oge nu lalajo bungah. Filem extra geus rengse di puter di lanjutkeun kana filem nu didagoan ti tatadi, “Duel naga wulung” judul filem teh nu jadi lalakona mah johan saimima jeung aven kristi. Nu lalajo sorak keprok bari cocorowokan, aya oge anu huhuitan bangun ku bungah. Teu karasa flem teh geus nyedek kabeak, nu lalajo geus mulai siap2 meresan babawaanana aya nu ngagulung samak atawa nu ngais budak geus di ais ku samping.
Filem bubar nu lalajo ngaburiak parulang ka imah sewang sewangan, bari mata tunduh lempang ge jajarigjeugan simkuring jeung babaladan parulang di barengan ku hawa tiis nu ngusapan kana awak di barengan sora gumuruhna cai nu aya di cigunung satehoneun brug. Isukan aya caritaan sejena nu leuwih rame tina caritaan filem nu di puter tadi…..di sakola atawa di babangkon paranti ngariung nu geus reod tina awi bitung, atawa sakedar ngobrol bari nungguan girimisna turun dina tehon tangkal kiara…..

Ikuti

Get every new post delivered to your Inbox.