Tag Archive | gerentes

Poe Poyan

Poe Poyan

ku. kijablodeng

Ngabring ngantay mawa hareupan

Bari teu elat beukeul keur beurang

Pakarang mah moal poho keur nyorang

Basa simkuring masih moyan

Konengna isuk jeung haneutna poe

nembrag kana tonggong nu keur bengong

nganti beurang nu disorang

batur mah geus jibreg ku kesang

nendeun hareupan keur ngke pageto

sugan jadi buahnasuguh sore kualawarga bari ngariung

Konengna poe lir emas

matak silau kana mata nu nempo

ayeuna mah simkuring heunjat

bari miceun sakabeh kaberat

ngusir sakabeh hoream

nyusul anjogna poedi baturan ku kalangkang

nu miheulaan leumpangdi pasir nu paranti

di bubulak nu maragi

doa teh di tancepkeun ku kayakinan

isuk pageto mah dagoaneun

hiliwirna angin mawa sora tikajauhan

simkuring enggal miang

niggalkeun pasir jeung pelak hareupann

yampeurkeun beja angin

ngala beja sugan keur bagja

Ikuti

Get every new post delivered to your Inbox.