BBM Lain Gusti Pangeran
“Ngabandungan ku kaayaan ayeuna mah matak rieut kana sirah” cek bi icah pokna ka kijablodeng nu keur nyoo bangkong. ti di pirosea bi icah nu ti tadi nyarita ka kijablodeng rada ambek terus ngabentak ” heh… ki naha cicing bae aki teh, tuh tingali berita di tipi BBM rek naek deui, cig atuh ulah nyooan bangkong teuing, jariji ningalina ge kuring mah” bi icah rada nyentak jeung harus nyaritana. kijablodeng nu rada ka gareuwahkeun terus ngareret bari seuri leutik pok nyarita ” nya maneh mah icah ulah mangeran ka BBM atuh, bari na ge urang mah teu boga Blekberi ieuh… keun we rek naek mah” bari ngaleos kijablodeng nu naggeuy baskom eusi bangkong.
Tokek tokek tokek
Basa datang si warjo nyampeurkeun simkuring bari humareureuh bangun nu cape, pokna teh nyarita ” dil uing meunang beja ti si aca cenah ‘mangna nu di majenang rek meuli toke nu sadana ti beurang regana lumayan ” simkuring nanya ” moal nya? sabera kitu rek di beulina? :” si warjo ngajawab ” cenah mah wanieun sajuta, sabera bera ge di beuli cenah “ kuring nanya deui ka si warjo ” ari sajuta nol na sabera jol ? puguh jajan sapoe salawe ge seubeuh kumaha sajuta “ si warjo ” ah geus pokona mah jeunuk nolna, ayeuna mah urang coang neangan yuk ka ci beh kulon sok ngadenge dina tangkal kalapa” simkuring bangun nu kerung rada teu percaya, sabab teu asup akal aya toke regana sajuta jaman kiwari. terus dipikiran ana akapikir teh simkuring langsung mese’m bari nyarita ” har sia mah jol di bobodo ku si aca, ” si warjo :” har henteu si aca ge serius, emang kumaha kitu dil?” simkuring ngajawab ” yeuh dimana mana ge moal aya toke nu sadana ti beurang, biasana ge sadana toke tokek tokek…..kitu” siwarjo semu ngahuleung terus rada seuri bari pok ” heueuh.. wa… ah aing di bobodo ku si aca euy, har ari kitu aing geus sumangeut rek neangan,…. teangan ku aing si acana di ketrak geura….” bari ngaleos si warjo…….
Dog style
Aya hiji awewe nu geus meunang umur datang ka dokter, ngalaporkeun diditunamah yen salakina nu geus 12 taun kawin jeung manehna. ari eusi laporana mah urusan ranjang manehna, cenah beuki ka beh dieukeun mah ari keur ngalakukeun olahraga peuting sok kurang panas hot, tiis karasana cek eta awewe sabalakana ka dokter.
“oh kitu… gampang atuh ari kitu mah, cobaan we sakali kali gaya dog style” cek dokter mere papagah ka si awewe eta.
” kitu nya… ari dog style teh gaya anjing nya dok…?”
” Muhun cobaan we, ngke mun aya kamajuan kadieu deui laporan “
geus kitu mah jig weh si awewe teh ngaleos pulang ka imahna rek meraktekekun saran ti dokter, nyaeta make gaya dog style.
saminggu ti harita si awewe datang deui ka dokter bangun nu hanjakal jeung kuciwa terus nyarita ” aduh dok… saran ti dokter teh tos di lakukeun ku simkuring jeung salaki kuring, ngan eta aya hanjakal jeung ngerakeun dok “
” kumaha kitu…?”
” Eta we salaki kuring teh mun keur kituan teh sok babaung siga ajag…, puguh we tatangga garandengeun malah nyangka salaki kuring teh siga nu kasurupan…!!!”
dina pikir dokter ” teu kabayang kumaha mun di bere gaya gereyem nilem atawa oyag golodog jeung entep sendok *^*%&%&**$@ ! “