Sampoleo jeung Golodog
Sampoleo
Opak nu di jual di warung indeung aci mah beda jeung opak kojay nu di jual di mbahdongkol atawa indeung udi. Barudak lembur teh ngaran eta jajanan teh sampoleo bentukna na mah bunder siga opak ngan rasana amis jeung lembut mun di heum heum, regana mah baheula ngan saperak mun meuli mangpe sok menang lima.
Balad sampoleo mah misda alias amis lada, mun jajan baheula mah teu jauh ti dua eta tapi sayang eta jajanan teh tos teu aya deui di warung teh kasilih ku nu leuwih modern chiki nu aya di warung teh salah sahiji gantina eta jajanan budak baheula…
Buah golodog
Tangkalna mirip jeung tangkal manggu dauna oge sarua ngan tangkalna gede jeung akarna ngarangkadak galede. Ciri ciri nu sejena mah eta eusi buahna koneng mirip manggu ari mboy na mah ngan eta rasana haseum kacida.
Baheula mah tangkalna aya diwetaneun imah si sakwan deukeut na jajalaneun, eta we mun tas ulin atawa tas ti masjid al mujahidin sok ngaliwat kadinya kadang mun keur mangsa di buah mah sok ngayah buahna dina taneuh, tapi teu aya nu ngala ma’lum kurang sareuneungeun da buahna haseum teu ngeunah matak nyeuri beuteung.
Golodog…..