Tag Archive | agama

D U I T

Dina jaman nu sakieu rumitna jalma-jalma geus loba nu salah lampah salah lengkah, Duit nu di puja puja jeung dijieun pangeran ku jalma nu sarakah ku harta  jeung pangkat. ieung salah ti girangna ieung salah tina atikana.

Tumpukan Duit

http://petapolitik.com/wp-content/uploads/2011/11/duit.jpg

“Duit… hayam ge teu beukieun ” cek saha hayam teu beukieun duit puguh loba hayam nu melaan kaluar ti peuting pikeun ngala duit, hayam ge moal bisa nyatu mun teu aya parabna nu meunang meuli make duit keneh. Ti budak nepi ka kolot geus teu bireuk deui ku duit, Tisuksuk ti dungdung melaan keur duit hulu dijadikeun suku, suku dijadikeun hulu kabeh keur ngala duit. Naon ayeuna sih nu teu bisa dibeli ku duit cek sabagian jalma, tapi masih aya oge nu teu beukieun duit nyaeta jalma nu keur palid atawa tilelep. Duit nu dipikaserab ku sabagian jalma nu hirupna geus teu neuleu kana tetekon hirup boh ku gusti pangeran atawa ku sasama.

Uing ge jauh ti lembur nya eta keur neangan duit keur nafkahan kulawarga, resiko hirup jaman ayeuna nu kacida gedena geus maksa jalma lembur incah ka kota pikeun usaha neangan duit. Bahkan ti bubudak keneh geus di racunan pikeun jadi jelema nu bisa ngahasilkeun duit nu antukna milih sakola ge nu prospek kahareupna piduiteun, jadi sakola sakola jadi larang dina mungut bayaran sakola teh. da eta puguh pikeun jadi jalma nu bisa ngala duit ku gampang jeung jenuk teh kudu boga titel atawa lulusan sakola.

Salah………

Ti tukang macul nepi ka Presiden kabehan ge beuki duit ngan henteu ari di harakan mah duit teh, ti nu mawa salang rancatan nepi ka nu make dasi kabeh ge harayang duit. ti Ustadz nepi ka Koruptor puguh bobolopot sungut ngabudah ngabulaeh ge melaan keur duit. Loba jalma nu tigebrus kana jalan kanistaan kulantaran Duit tapi da nu salah mah lain duit tapi jalmana keneh nu teu boga kaimana didirina kulantaran mangeran kana harta jeung tahta.

Koruptor nu geus jadi ciciren bangsa Indonesia teu leupas tina Iman jeung Moral Bangsa nu geus ka kikis ku kasarakahan diri nu geus ka asupan setan nu minarupa. kahade ah ulah ka goda….

Waktuna urang ngarobah cara pandang Yen teh mata duit jepang halah…. mleset….

Waktuna urang ngarobah cara nyeuleu Yen Duit teh ngan saukur alat keur jual atawa meuli, lain kitu pa mentri…???

DUIT nu sajatina bisa di hartikeun Do’a Usaha Ikhlas Tawakal bisa leuwih luhur hartina, jadi mun teu boga duit kudu ngado’a terus Usaha geus usaha kudu Ikhlas jeung Tawakal.

Omat ulah serab ku duit tapi serab mah ku lampu sorot hahaha…

Do’a nu ku urang di pentakeun ka gusti alloh pastina kudu aya prakna nyaeta Usaha atawa ikhtiar dibentuk naon bae asal dina jalan nu di ridhoan ku AnjeuNA, geus usaha hasilna mah urang serahkeun kanu maha kawasa nya kudu Ikhlas nampanana mun can keneh mawa hasil nya Tawakal dina nyikepana, insya alloh mun dina meunangna urang meunang duit nu halal jeung Barokah. amien….

Ngabuburit

Harita mah mangsa barudak keneh sok mindeng pisan ari tas sholat subuh teh ngadon jalan2 atawa ngabeberang jeung barudak nu sejen, malah cek nu sejen mah ieu teh kasempetan keur ngadeukeutan atawa ngopenan awewe. pedah eta we ari mangsa puasa ka 20an ka luhur mah anu daratang ti kota teh geus meuweuh, komo eta cawenena mah sok di ibaratkeun ka kota teh ngadon di servis heula sa nggeus di kota sataun oge pulang ka lembur teh mani pangling, mencrang jeung bersih kadeuleuna jadi di pikarebutkeun ku para bujang nu keur meujeuhna beger. Ari di daerah salem mah nu jalan jalan subuh teh ka cigareng atawa ka talaga. malah aya nu ka pasir oge, ari ti langgar simkuring mah sok jalan subuh teh ka cigareng atawa ka pasir ari sok ramena mah ka cigareng. da geus kabiasaan mangsa puasa jeung merecon mah teu bisa di pisahkeun, malah jalan subuh teh sok rame kunu nyeungeut merecon. biasa baheula mah sok rajeun nyieunan sorangan atawa meli ti ki giarto salem. ngan eta ku pun ibu mah rajeun di carekan mun nyeungetan merecon teh komo mun deukeuten imah mah. da emang ka harti ku ayenakeun mah pedah meun eta baheula mah masih budak keneh can ngarti masih boloon keneh.
Jalan subuh teh malah sok anjog ka cilangkap anu ayeuna loba saung bata pedah jadi sentra produksi batu bata di salem ongkoh masih ka asup desa salem keneh. tah ti lebah dinya mah ari isuk2 teh puncak gunung salamet oge sok jelas katenjo, baheula mah sok reueus ari bisa nempo puncak gunung salamet teh. abong eta masih budak jeung teu can ngarti ari isuk2 pulang ka imah teh sok lemes kacida da eta lempang lumayan jauh, nya nyanghareupan puasa teh asa sue kacida da isuk2 ge geus karasa lemesna.
Nu sok seneng mah ari geus asup kasorenakeun pas jam 4an mah komo ari halodo sore teh bari nenjo di gili arulin sodor atawa ucing ucingan jeung barudak, katojo ku warna koneng matapoe sore nu geus kumincir ti beulah kulon, nenjo wuwungan imah di beh wetan mah jelas pisan hawar2 kadenge sora mbe jeung hayam, peledek haseup bodas ngelun tina sela sela jukut anu di beuleum ku indeung aci, nyereset oge ngadenge sora nu keur ngaji ti masjid salem tadarusan ngadagoan buka cek beja mah eta teh ki maja anu pulah adzan di mesjid salem.
Na babangkon indeung darja mah sok rame kunu keur narenjo ka landeuh, ngajejer bari silih siaran neangan kutu atawa lisa malah sakedar nyabutan bulu bodas atawa huis. uplek ngarobrol duka naon bae nu di obrolkeun na mah, teu karasa hawar hawar geus kadenge sirine tim mesjid salem nandakeun waktuna buka puasa nya nu di jalan ge pating burasat lumpat ka imahna sewang sewangan rek buka puasa.

Puasa 1429 H

Puasa 1429 H Teu karasa nyerelekna waktu teh geuning anjog deui kana waktu anu numutkeun simkuring mah eta teh waktuna urang evaluasi diri dina sataun katukang teh naha aya kamajuan dina lalakon ngumbara di alam pawenangan. naon lampah anu hade jeung goreng nya di bulan puasa ieu mah urang kudu bisa leuwih ngahartikeun hartina bulan puasa ieu. tah kaharepkeun mah urang teh kudu tiasa nahan sakabeh hawa nafsu urang boh lahirna atanapi bathina. tapi omat ieu teh sabenerna mah keur cerminan urang hirup dina kapayuna yen dina hirup mah kedah saimbang antara lahir jeung bathin, wilujeung ngalaksanakeun ibadah puasa 1429 H. Muga2 ibadah puasa urang di tampi sareng urang dijantenkeun jalmi anu kaasup golongan anu taqwa aminnn…. ” Maaf lahir bathin wilujeung ngalaksanakeun ibadah puasa 1429 H “

Ikuti

Get every new post delivered to your Inbox.