Oray2an atawa Salekdur
Kaulinan barudak di lembur anu geus jarang katingal ku lantaran lobana kaulinan2 lain anu datangna ti luar. kukituna kaulinan kaulinan anu sifatna ngawawangun rasa gotongroyong atawa kerja bareng teh kurang. Playstation atawa kaulinan mobil tamia anu geus asup ka lembur teh mawa pangaruh anu kacida gedena ka barudak ayeuna.
Teu model kapungkur mun hayang kaulinan samodel momobilan teh teu bisa meli kusabab du hal teu aya keur meulina jeung hese dimana meulina. ku kaayaan kitu jadi barudak teh berkembang otakna pikeun nyieun sorangan, aya tina papan atawa tina awi cocongoan.
Kaulinan barudak samodel ucing2an, Sodor, atawa Salekdur teu bosen di maenkeun ku barudak lembur, Pasosore dina mangsa halodo mah teu sirikna rame pisan barudak nu arulin di buruan.
Si Kasno jeunf si Aca geus karumpul kurunyung si trisman di susul ku si danto, geus ngariung nyawalakeun kaulinan nu arek di maenkeun, kulantaran kurang pamaena nya ngagegero uing nu keur adu kaleci jeung si jubeh, si sakwan, jeung si dawing. geus karumpul bareng mah deur masing masing suten atawa hompimpah saha nu jadi ucing atawa nu jaga. kadang waktu anu teu nyukupan teh sok di lanjutkeun sa entosna sholat magrib, sapulang ti langgar teh langsung muru ka tempat buruan.
Caang bulan nu moncorong nyaangan ulina barudak lembur nu jauh ti teknologi ieu 20 tahun katukang, ayeuna didieu di lembur matuh banjar karang pamidangan caang bulan nu kapungkur masih nyaangan buruan nu geus kasilih ku jugrugna imah, sora ear barudak nu keur arulin kasilih ku seahna acara sinetron di tv.
Caang bulan nu ayeuna caang nu kasilih ku neon, waas ieu waas nu moal kaalaman deui…. ( salekdur salekdur……. )

