Nungageugeuh

jadul

jadul

Gelar ka alam dunya dina poe Senen manis 08 Rajab 1396 Hijryah. di hiji Kampung Brak desa Salem nu jauh tina kahirupan kota. Teu aya nu istimewa tina jenengan nu di pasihkeun ku ibu sareng bapak, singkat jeung duka nahaon hartina. Rudi ngaran anu singkat teu aya embel2 nanaon.

Ku teu aya hartina ngaran simkuring  babaturan kadang nyelukan simkuring teh hoi…, nyet…, njing…., dil…, rud…, dingkul, butaterong, udil, ah loba deui babaturan ngalandi ngaran simkuring teh. aya keuheulna oge harita mah di landi barang teuing ku babaturan, malah sok sering jadi bahan ledekan, teu jarang jadi pasea kulantaran pagede2 omong dina ngagegero ngaran simkuring.

Ngan sok ka ubaran ku ku landian Ujang jeung sep terutama ku pun indeung ( si nini ) jeung pun Ibu, hate jadi reug reug masih aya nu ngalandi sep atawa jang. Kabiasaan prihatin ti leutik keneh geus di terapkeun dina kahirupan sapopoe da ma’lum ku kaayan ekonomi nu sederhana jeung pas pasan, teu kurang kurang dina kabutuhan sapopoe oge matak prihatin. ( moal di guar didieu keun ieu mah jadi kenangan anu amis dina kahirupan simkuring )

Mimiti Sakola di SD N Salem 5 tahun 1982 mangsa harita keur gunung api Galunggung bitu…. 6 tahun di ajar ku Guru SD lima Salem bisa maca bisa nulis diajar tetekon jeung atikan ngarah jadi jalma bageur jeung bener. Insya Alloh

4 Responses to “Nungageugeuh”

  1. catur says :

    kahade nulis weweton bisi aya anu…….
    ha..ha..ha teu wasa ngomongna…

  2. mala says :

    belum kelar ya ki…. sok atuh lajengkeun…

Bade Mairan mangga....

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Ubah )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Ubah )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Ubah )

Connecting to %s

Ikuti

Get every new post delivered to your Inbox.