Pulungan nu hadena

Miconto mah ti saha bae, sanajan datangna ti jalma burung oge ari sae mah kedah dipulungan, aya kecap paribasa ” sanajan kaluar tina liang bagong ari emas mah sok di candak tapi sanajan kaluar tina liang kiayi oge ari kotoran mah ulah di candak “

ieu oge aya pulunganeun ti mahluk goib nu tos kawentar jadi bahan catur keur urang manusa, sok geura leunyeupan :

Tuyul, sanajan leutik keneh tapi geus bisa neangan duit sorangan iru ciciren kamandirian sajati.

Pocong, tibaheula oge tara gonta ganti raksukan ieu nyirikeun kasederhanaan nu hakiki.

Nyi Roro Kidul, sanajan hirupna di laut tara pisan ngangge bikini atawa pakean renang, ieu nyirikeun kasopanan, ngajaga etika nu sajati.

Jaelangkung, ieu nu tara nyesahkeun ka batur teh estu datang tara di ondang balik oge tara menta di anteurkeun.

Kunti lanak, tah nu ieu mah sanajan keur hirup manggihan tunggara angger we sok seuri jeung seuri nyirikeun hirup mah pinuh ku rasa syukur anu kacida gedena. hihihihihi

diajar mah timana wae…. disabudereun urang oge loba peutikeun keur bekel hirup di alam dunya.

Tag:

Tentang Ki jablodeng

Ki jablodeng ti Gunung Kumbang

Bade Mairan mangga....

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Ubah )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Ubah )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Ubah )

Connecting to %s

Ikuti

Get every new post delivered to your Inbox.