Ngurus Lembur ngajaga Lingkungan

Memang teu aya bosena urang silih elingan dina ngajaga jeung ngaruwat alam dunya ieu, kusabab tos di tetepkeun yen manusa gelar ka alam dunya teh pikeun jadi pamingpin anu hartina bisa ngajaga jeung ngolah ieu alam. dina katerangan oge tos jelas yen ” Alloh moal ngarobah hiji kaum lamun henteu kaumna sorangan nu ngarobah “.
Kukituna eta dawuhan gusti Alloh teh tetela pisan pikeun pangeling eling keur umat manusa di alam dunya ieu.

Ku karuhun jeung bubuyut urang baheula geus kapikir sabenerna mah kumaha carana ngurus lembur ngaheuyeuk dayeuh teh, ku ayana pamali mun ku urang di pikiran jeung di regepan mah eta teh luhung pisan hartina. tujuana anu pikeun kahadean jeung kalanggengan alam dunya ieu. ngan kadang jalmana sorangan nu sok ngarusak jeung ngalanggar ieu aturan aturan nu memang teu aya catetan jeung kabakuana. ku jaman nu beuki maju jeung modern aturan aturan luluhur urang teh geus ka geser ku aturan aturan nu anyar nu cenah cek jaman ayeuna mah leuwih relevan padahal mah nyaho sorangan aturan aturan nu di jieun dina undang undang ku wakil urang loba pisan celah pikeun di selewengkeuna teu saeutik justru ku aparatna keneh aturan aturan di langgar. Nilik kana wanci kiwari nu geus ka bandungan ku sarerea lobana bencana alam boh di lautna boh di gunungna atawa di jomantarana, ieu tetela pisan aya hubungana jeung kasarakahan urang nu di bere tanggung jawab pikeun ngurus jeung ngajaga alam dunya ieu.

Dina ngurus alam dunya ieu jadi tanggung jawab babarengan teu ngabeda beda golongan jeung kayakinana, Ieu pisan nu sering kabandungan di masyarakat teh pedah beda kayakinan sok silih salahkeun jeung gampang ngecap goreng ka nu teu jeung sa aliran. Padahal mah sakabeh kayakinan atawa agama oge tujuana sarua pikeun kadameyan ieu alam dunya, ngan carana jeung aturana beda beda. Teu saeutik ayeuna jalma nu luhur ku elmu sering manfaatkeun elmuna pikeun kapentingan dirina sorangan, aturan aturan agama nu kabanda dirina di pake pikeun ngabela sorangan pikeun nyalahkeun ka batur, padahal lain kitu kuduna mah nya dulur….?!!

Balik deui kana tugas urang pikeun ngurus lembur ngaheuyeuk dayeuh, aya sabeberaha akar masalah :
* Urang teu ngahargaan budaya sorangan
* Urang geus poho kana wanci jeung kalender
* Urang geus leungit iketan jeung sasama
* Silaturahmi jeung alam geus leungit
* Komunikasinu teu nyambung atawa gagal
Contona dina seminar atawa rapat teu bisa ngahasilkeun kaputusan atawa teu tepat sasaran naon anu di rapatkeun teu nyambung, malahan nepi ka pasea tanpa hasil anu jelas.
Gagal dina ngurus nagara jeung kacauna pangwangunan oge teu lepas tina gagalna komunikasi anu di bungbuan ku :
* teu Transparan
* teu sesuai hukum
* jeung teu Partisipatif

Pitutur Tilu Uga Karuhun nu di warahkeun ka urang kudu di lenyepan :

1. Tata Wayah

Kajadian alam nu ka alaman dina mangsa mangsa sapertos, Banjir, Garing, Gempa, Gunung bitu, jeung sajabana. jadi tanggap dina wayah Halodo, wayah Hujan, Dangdarat, Ngijih  jeung Labuh.  Boh dina sapopoe oge aya waktu waktu nu tos di tangtukeun sapertos : Kongkorongok hayam, SUBUH, Balebat, Carangcang tihang, Meletek panonpoe, Isuk-isuk, Haneut moyan, Pecat sawed, Tangange, LOHOR, Lingsir, Tunggang gunung, Sore, Sariak layung, ASAR, Ngampih laleur, Burit, Sandekala, Sareupna, MAGRIB, Harieum beungeut, ISYA, Sareureuh budak, Sareureuh kolot, Tengah peuting, Janari leutik, Janari gede, Kongkorongok hayam.

 

2. Tata Wilayah

-Gunung Kaian
-Gawir Awian
-Cinyusu Rumateun
-Pasir Talunan
-Sampalan Kebonan
-Dataran Sawahan
-Legok Balongan
-Walungan Pulasaraen
-Basisir Jagaeun
-Kalakay Angoneun
-Tunggul Pelakeun
-Kabuyutan Sucikeun

 

3. Tata Lampah

-Urus Lembur: transparan, keterbukaan
-Panceg Dina Galur, sesuai aturan yg berlaku
-Akur Jeung Dulur, partisipasi, kebersamaan.

Hayuh dulur dulur urang Ngurus lembur ngaheuyeuk dayeuh…..

Tag:

Tentang Ki jablodeng

Ki jablodeng ti Gunung Kumbang

2 Responses to “Ngurus Lembur ngajaga Lingkungan”

  1. Dedi says :

    ieu teh dulur kolot …

    kang abdi urang Jetak, Sindangwangi, Bantarkawung tapi bapa ti Gunung Jaya …

    tong poho mampir ka blog uing …
    berbagi carita kabeneran lamun di Jetakmah marak cigunung baheulamah unggal jumat wage… namina wagean …

Bade Mairan mangga....

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Ubah )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Ubah )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Ubah )

Connecting to %s

Ikuti

Get every new post delivered to your Inbox.