Marak Cigunung
Dina mangsa halodo panjang biasana walungan teh caina ngurangan kusabab jarangna hujan sampe ku teu ayana. sapertos Cigunung nu biasana caina gede dina mangsa halodo mah caina leutik kacida kusabab geus di pendung ti girangna pikeun nyaian sawah. Masyarakat di lembur simkuring tos jadi kabiasaan sok ngayakeun Marak atawa ngagubyah, biasana tengah poe keur papanasna sakabeh masyarakat nu milu ancrub ka cai terus cai nu leutik biasana loba ndut atawa taneuh nu didasar di gubyah jadi kiruh caina ngarah laukna marabok. Lauk lauk nu marabok biasana ngarambang kari nyiukan ku ayakan atawa konceng.
Ari Marak beda deui ieu mah ngahaja nyaatan walungan kucara di pendung, biasana ngentepkeun mungkal pikeun ngalihkeun cai ka dawuan atawa ka tempat sejena. mungkal nu nag ngentepkeun ngajajar teh di lanat ku taneuh liat nu geus di leyek biasana ngahaja sangkan dalit jeung lengket atawa dalit mendet caina nu nyebabkeun cai moal bisa asup kana sela sela mungkal. kusabab eta cai ka hilir teh saat geus kitu mah kari newakan laukna nu kasaatan atawa mun masih aya caian di tawu heula ku batok.
nginjeum ti https://lh5.googleusercontent.com/-8p7pSGrZ6Rs/TFjRpqOWkXI/AAAAAAAADIM/yFrhJbT7XGM/s720/IMG_0222.JPG
Lauk lauk nu biasana di walungan teh aya Beunteur, Kekel, Deleg, Soleng, Paray, Jeler, Senggal, Genggehek, Hurang Jeung sajabana.
iraha urang Marak?!
