Nagara ibarat Gamelan
Bangsa nu Maju nyaeta Bangsa nu ngahargaan kana budaya sorangan, ieu pisan nu pas keur bangsa urang nu keur kena krisis kapercayaan diri. Ku senengna kana kabudayaan deungeun saeutik saeutik morotan kana jati diri bangsa khususna dina kabudayaan, nu sakuduna mah di ajenan pikeun mere ciciren yen bangsa urang teh boga jati diri atawa ciri khas boh dina widang seni atawa budayana.
Gamelan anu parantos di wariskeun ka urang pikeun dimumule pikeun di ajenan ku Bangsa urang malah teu saeutik parantos di piboga ku bangsa deungeun da bongana urang keneh. Ulah sewot atawa ngarasa di rampas kabudayaan sorangan teh da bongana urang sorangan nu geus ninggalkeun kana ciciren diri geus kaganti ku budaya kulon anu saeutikna mere pangaruh goreng boh dina budaya atawa akhlak bangsa. Coba tingalian nyi Sinden anu masih ngajenan dirina dina manggung teh masih make raksukan anu sopan, ieu nyirikeun yen ajen seni urang teh lewih sae tibatan seni deungeun anu leuwih ngumbar syahwat alesana seni.
Balik deui kana Gamelan anu boga nilai palsapah anu luhur sabab mun coba di hartian dina hurup hurupna ngandung harti anu luhung, G-A-M-E-L-A-N sarua jeung Gusti Alloh Maparing Emutan keur Lakonan Ajaran Nabi, luhur pisan hartina Gamelan teh mun di regepan ku urang sadaya.
Tah mun aya bangsa nu geus teu bisa ngajenan budayana sorangan contohna bangsa urang nu geus ninggalkeun jauh……
Dina kahirupan ngolah nagara oge kuduna mah paminpin urang teh nyontoh ka tukang nabeuh gamelan. Tukang kendang teu sambarangan nabeuhna kudu nyurup jeung waditra liana, goong na oge ulah sampe poho dina nabeuhna kusabab bakal rusak rampak jeung laguna. Ieu pisan nu kasawang dina para pamingpin nagara dina ngolah teh teu silih ajenan teu kompak jeung laras dina ngawangun hiji tembang anu bisa mepende jeung ngahibur urang nu salaku panontona. kumaha jadina mun tukang gamelan teu nyurup jeung waditra nu sejena bakal rusak dina laguna moal henteu di tinggalkeun panontona… kitu oge ngolah nagara.
Rahayat oge kudu tartib jeung ngarojong dina jadi panonton, ulah kabawakeun ku provokator nu bakal ngarugikeun Bangsa jeung Nagara. cing lah… menta lagu Banjaranan dina wanda jaipong klasik, prung ah… ( wilujeung ngarengkenek )
Sapertos Lyrik lagu ” Kulu kulu Barang “
Seni mustikaning ati nu halimpu nusuk kalbu
hariring jadi panggeuing haleuang ngajak berjuang
Dipirig sarining gending… gending nu ngahudang rasa
asih ka seni pribadi…. miara budaya bangsa
pasinini arah seni… subaya nyangga budaya
mangka hirup ngajugala na lemahna Nusantara
hariring tandaning eling haleuang tandaning tandang
ngolah seni malah nanjeur….. ngolah seni malah nanjeur…
mugi gusti sing ngajaring ngaping ku jalan nu lempeung marangpang jeung panjang
keur ngeusian…. panjangna jaman
batinamah kanu seni tong mangmang komo honcewang
pangwangunan nu di sorang
ngolah seni sing ati ati tangtuna hasilna ge budi
seni sing jadi atikan tontonan jadi tuntunan
seni lain gawe ningkah tapi pikeun nyangling bukti geuning…
budi nu kudu utami… silih asih jeung sasama
“seniaman jeung seniwati boga pancen anu pasti
ngabantu pamarentahan …..
seni sunda anu asli ku urang dadipuspusti darajat di ronjatkeun
ulah rek dipopohokeu n…”
nagara subur tur makmur rakyat samiukngabijir runtut raut sauyunan
niat babakti ka nagri ngeusian kamerdekaan….
