Liang Cai
Geus ek opat bulan halodo nu karandapan ku urang tapi kacida panas karasana. di sabeberaha tempat mah malah geus werit ku cai, sumur sumur saraat walungan garing malah teu saeutik sawah sawah bareulah benggang ku panasna poe. Saumur jisimkuring mah asa kabeh dieukeun mah beuki hese ku cai mun keur katiga teh, karasa pisan baheula mah cigunung nu sakitu gedena masih bisa di parake mandi atawa ngumbahan mun mangsa halodo teh.
nambut ti http://upload.wikimedia.org/wikipedia/id/thumb/c/c7/Segelas_Air_Dingin.png/220px-Segelas_Air_Dingin.png
Cai nu mangrupakeun hiji sanyawa kimiawi jeung molekul polar nu cair dina temperatur jeung tekenan baku (standard temperature and pressure, STP). Cai mibanda rumus kimiawi H2O, nu hartina hiji molekul cai diwangun ku dua atom hidrogén jeung hiji atom oksigén. Cai bisa dipanggihan di ampir sakabéh tempat di Marcapada sarta dipikabutuh ku sadaya nu hirup. Kira 70% beungeut Marcapada katutupan ku cai. Cai geus kapanggih aya di sababaraha banda di tatasurya jeung di saluareunana dina rupa és. Pentingna cai pikeun kahirupan terestrial geus ngagiring kana panyangka yén ayana dina wujud cair di mana waé sagigireun di Marcapada ieu bisa nyadiakeun habitat nu ngadukung pikeun kahirupa.
Atuh dina kahirupan urang teh cai kacida pentingna, malah dina awak urang oge kacida gedena kandungan cai teh. Ku kabaca yen euweuhna cai di sebabkeun ku rusakna alam sabab geus teu saimbang deui ieu ku kalakuan manusa manusa keneh nu teu bisa ngajenan atawa miara alam. Ku contona nu ka tingal ku jisim kuring baheula mah leuweung leuweung di Salem masih can loba nu di tarebangan terus sampah sampah oge can loba nu ngarusak taneuh. Cigunung nu baheula bisa nyaian sawah sawah di Salem sanajan mangsa halodo ayeuna mah geus teu walakaya, kandungan cai na taneuh nu katahan ku akar akar kakaian geus kacabut ku kabawa ku truk truk nu ngangkutan kakaian ka kota. Liang cai nu baheula ting burubus ku miis herang ayeuna kari liang liang nu kosong.
Kaprihatinan Jisim kuring ku kaayan ieu teu bisa walakaya ngan ku bisa saeutikna mere kapadulian dina ngajaga Cai. Hayu urang jaga bareng bareng alam ieu nu geus kacida rusakna, ulah sampe anak incu urang ngarandapan weritna cai kulantaran rusakna alam dunya ieu. Di awalan ti diri urang pikeun leuwih ngajaga terus nular ka nu lain, sabab ieu tanggung jawab urang kabeh salaku pamimpin di alam dunya ieu, Esensina mah jalma salaku khalifah atawa pemimpin di alam dunya ieu kudu bisa nanggung jawabkeun amal perbuatan urang.
Salaku para pagawe nu di bere tanggung jawab pagawean pikeun ngajaga leuweung kudu bisa mere contoh ka masyarakat nu kurang paham, masyarakat nu can paham kudu nurut kana pangarahan ti jalma nu leuwih ngarti dina widangna asal dina kabeneran. Insya Alloh mun ku kaayaan kieu Masyarakat urang ngahiji jeung sapaham dina hal ieu sagala naon karusakan alam dunya ieu bisa di beresan, Alam nu ku urang di piara pastina mere kahadean keur urang sakabeh.