Uwa Sukir
Di antara Sabeberaha jalma anu boga pangaruh ka diri simkuring, aya hiji saurang nu ayeuna geus meunang umur. Wa Sukir nu lain asli lembur simkuring dina kahirupana nu sederhana ti mimitina datang ka Salem jeung netep di kampung simkuring.
Wa sukir mere pangaruh gede kana kahirupan simkuring tarutama dina widang elmu ka Islaman, sabab anjeuna teh tos sapertos kolot sorangan teu sirikna beurang peuting simkuring leutik teh ulukutek di rompokna, diajar ngaji jeung elmu kahirupan, simkuring jeung rerencangan sejena teu weleh rame di rompok anjeuna nu teu pernah menta imbalan nanaon.
Dina sisa umur nu geus cueut kahareup anjeuna masih keneh ngawariskeun Elmu elmu anu mangfaat keur kahirupan urang. Haturnuhun pisan simkuring haturkeun ka anjeuna sakaluarga ( wa sukir & wa ridah )
