Takir mun Taraweh dina malem Likuran

Cek mama ajengan atawa guru guru ngaji di lembur teh cenah mun hayang meunang laelatul kodar teh cenah ayana dina malem likuran atawa malem 20 kaluhur. Ganjaran atawa pahalana meunang 1000 bulan.

Tapi simkuring mah teu bade ngaguar masalah pahala anu kacida ageungna dina ngalakonan amal malem laelatul kodar, simkuring bade meberkeun pangalaman waktos katukang mun taraweh dina malem likuran. Pasosore dina poe ka 20 puasa romadhon barudak geus rapih marandi bari ngadagoan sora sirine ti mesjid Salem. Dahareun pangbukaan geus ngadarak dina luhur ranjang nu di amparan kusamak pandan geus rada saroeh, Sangu bodas, sambel jeung Tempe nembrak deukeuteun lauk asinan nang ngagoreng. Rujak kalapa ngora na baskom nu geus beureum dicampuran ku gula kawung nang ngurudan, simkuring geus pulang nganting kaluar kajero bari sakapeung nitenan naon heula nu kudu di dahar teh, ma’lum ari beuteung keur lapar mah kadaharan naon bae oge katingalna mani siga nu raos.

Ngiungna sora sirine ti masjid jami Salem muyarkeun sakabeh jalma ti budak nepi ka kolot paburiak asup ka imahna sewang sewangan, kitu oge simkuring nu titadi ngadagoan sirine mani langsung unggah kana ranjang ceg kana gelas nu nang ngeusian rujak dewegan, suruput kalapa rujak dewegan lumeho maseuhan kana hanaangna tikoro, buka beres lanjut netepan sholat magrib di imah. Memang jalma mah sok mangpang meungpeung, pedah tadi beurang puasa sa nggeus waktuna buka teh sok mangpang meungpeung, beuteung nu tadi beurang ayeuna mah geus buncir deui di eusian ku kadaharan buka puasa nu di tutup ku dahar sangu deungeuna tempe jeung lauk asin sambel. atuh beuteung teh beuki teuas bae.

Bari di kongkoyong sarung bring barudak marangkat ka langgar rek nagalaksanakeun sholat Isya jeung Taraweh, Peuting ieu mah kacida sumangetna da pedah eta malem ka salikur nu biasana aya Takir atawa kadaharan keur nu tas Taraweh. Kawilang ramena peuting ayeuna teu cara biasana. Jajaran hareup di eusi ku jalma nu geus karolot barudak mah ayana di tarukang da eta ku biasa garaleweh, teu sirikna cape nyarek sangkan ulah rame geleweh teuing. Rokaat demi rokaat sholat Isya di sambung ku Taraweh anu jumlahna 23 Rakaat. sa nggeus sholat rengse barudak teh di suruh ulah parulang da eta puguh rek ngabagikeun Takir nu nang nyieun ibu ibu jamaah langgar. Daun cau nu nang ngotakeun ku raketna biting nyere nu eusina sangu bodas jeung aya macem macem lauk, ari keur kabeneran mah sok meunang anu laukna istimewa. ku kaayaan baheula tea meunang lauk eusina ndog nang ngagoreng oge geus kawilang mewahna, sabab dibandingkeun jeung gorengan lauk pepetek mah.

Pahibut parebut Takir geus meunang mah aya nu di bawa pulang aya oge nu di dahar di langgar, simkuring mah sok didahar di langgar bareng jeung babaturan malah sok mun aya leuwihan sakalian di bawa pulang ka imah, lumayan jeung ngke saur.

Kabiasaan ieu masih lumangsung ka ayeunakeun di sabagian kampung simkuring teh, ibu ibuna tiap malem likuran teh sok nyadiakeun kadaharan. ari likuran Ganjil daharna teh sok sangu jeung laukna, ari likuran jangkep mah ngan cukup kadaharan jajaburan sapertos papais budin, beubeutian hui atawa taleus jeung cau aya oge nu ngahaja nyieun buras.

Di dieu jauh ti lembur jadi sono ka lembur matuh banjar karang pamidangan, iraha ngasaan balakecrakan ngariung Takir bari di kongkoyong sarung. sakeudeung deui lebaran sakeudeung deui oge pulang kampung. dagoan burintik…. tungguan borelang….

Tag:

Tentang Ki jablodeng

Ki jablodeng ti Gunung Kumbang

5 Responses to “Takir mun Taraweh dina malem Likuran”

  1. Deea aja says :

    klo orang betawi bilangnya malem abug..coz jaman dulu klo sampe pd mlm itu semua orang pada bikin kue abug,ketupat sayur dll..trus di bw deh ke langgar2 bwt dimakan sama2..kayak ruahan kecil2an gitu deh,tp skrg mah tradisinya dah mulai ilang..

  2. Ki jablodeng says :

    @kang umar, kasilih kujaman ayeuna mah jaman plastik hehehe
    @kang dikin, barudak ayeuna mah hayangna ngeunah bae… Moal beukieun lauk asin mah hahaha
    @all, takirna eusina gorengan pepetek jeung mie goreng hahahaha

  3. Dikin Salim says :

    inget keneh takir..kang..udi..hahaha…geus teu laku ku budak ayeunamah…kecuali eusi takirna …pizza..atawa..ayam goreng MC donald…

  4. Umar Nawawi says :

    ngan takirna ayeuna mah make wadah plastik ti toko,beda jeung baheula m udi,,tina daun cau..

  5. Miftah Faried says :

    Boso opo kui mas boten ngertos aku ….. hehehe

Bade Mairan mangga....

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Ubah )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Ubah )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Ubah )

Connecting to %s

Ikuti

Get every new post delivered to your Inbox.