Munggah 1432 Hijryah

Bulan puasa 1432H geus datang deui teu jalma di kampung teu di kota pahi raribut ku urusana sewang sewangan, terutama nu aya hubungana jeung bulan puasa. Di kuburan geus rame ku jalma nu keur nyekar ka karuhun masing masing. nu biasa di kota oge daratang ka kampung maksudna mah hayang munggah di kampung. Nu rek di kuramas geus ngantri silih dagoan di pancuran jeung walungan, ting ‘nclekna angir nu rek dipake keur nyumplang buuk keur kuramas. angir bodas nu nang ngala ti urug beh kaler sok jadi andelan keur nu rek di cumplang samemeh nepungan bulan puasa. ciciren di lembur ngumbah buuk ge ku angir duka timana mimitina ngan simkuring oge mindeng sok di ajaran ku jenatna pun indeung.

Hayam burintik nu ka rek danten geus di siapkeun keur sahur munggaran, lauk cai nu nang meuli ti pasar dihaja keur deungeuna sangu di poe munggaran puasa. si ujang nu ka rek diajar geus tatan tatan ngalaksanakeun puasa susuganan kuat puasa spoe jeput atuh teu nage satengah poe teu nanaon, nu penting mah lauk hayam nu nang dihaja meuncit keur mere sumanget sahur ka si ujang nu keur diajar puasa, lauk tawes nu digoreng estu mere nambah sumanget dahar di tengeh peuting. Estu bulan puasa nu mawa barokah keur urang sadaya mudah2an eta nu jadi harepan urang janten jalmi anu taqwa ka nu maha kawasa. puasa urang janten nambah rasa ka imanan urang sadaya.

Si ekom nu geus nyiapkeun alat alat keur di tabeuh ngke sahur, aya calung jeung katipung kecrek mah teu tinggaleun nu di adukeun ku si cenong. Sabada taraweh jeung tadarusan mah si ekom jeung saparakancana geus maju ka sare dihaja sare di langgar supaya dina pas waktuna bareng2 kari prung marangkat ngahudangkeun nu rek sahur. Sora calung nu di takol di barengan kendang katipung nu geus rada sember teu ngurangan sumanget si cenong nu dokoh ngadukeun kecrek tina tutup botol limun. Si ujang nu biasana hese hudang ayeuna mah sumanget bari nenjo tina jandela ngawaskeun sora si ekom nu keur ider sora calungna, bau nyereset goreng hayamna nambah gereget sahur si ujang nu munggaran rek puasa. eta bulan puasa kamari teu beda jeung bulan puasa ayeuna mudah2an ka si ekom tos ikhlas jeung sumanget ngider janten kasaean keur urang sadaya nu rek ngahareupan puasa munggaran. haturnuhun kom….

Puasa ieu urang masih di bere umur panjang mudah2an urang bisa ngamalkeun puasa anu sasampurnana kalayan taun hareup urang bisa papanggih deui….

Hampura Lahir tumekaning bathin ka sadayana,  mugia amal sae puasa ieu ngajantenkeun urang leuwih taqwa sareng daitambih iman Islam ka nu maha kawasa…. amin

Tag:

Tentang Ki jablodeng

Ki jablodeng ti Gunung Kumbang

2 Responses to “Munggah 1432 Hijryah”

  1. Deden says :

    ampir sami di lembur simkuring oge, kabiasaan urang lembur…

Bade Mairan mangga....

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Ubah )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Ubah )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Ubah )

Connecting to %s

Ikuti

Get every new post delivered to your Inbox.