Lamunan
Mangsa halodo nu ka rek datang
Mawa katagiwur hate nu ringrang
Meupeuskeun harepan diri urang
Pikeun nuntun nu dipikahayang
Tangkal kiara nu ngarangrangan
dauna murag katebak angin
Lungse dina taneuh nu baseuh
sesa hujan nu kamari miang
Unggal poe didagoan hiliwirna
angin nu mawa beja katresna
nyimutan galugah hate anjeuna
nu wakca rek satemena micinta
satia reka jeung basa
Sorot nyi Anteh nu sorangan
nyaangan poekna peuting
marengan lamunan diri
nalangsa nu karasa
boa diri geus titis ti Gusti
Geura deukeut eta bulan
sugan nyi anteh bisa maturan
ngusapan tagiwurna hate
urang silih tampanan kadeudeuh
dina mangsa nu bakal datang
si ucing ulah ngarewong
kaula nu keur kagembang
nyi anteh nu estu mencrang
dina opatwelasna tanggal
Lamunan mugia ukur lamunan
ulah aya bancang pakewu
estu ridho ti nu maha suci