Ngaboyor
Mangsa halodo datang deui, hujan nu biasana datang unggal waktu ayeuna mah teu nembongan deui duka keur sabebera waktu teu puguh datang deuina. Dina widang tatanen mah geus mulai ngitung ngitung piweriteun cai keur nyaian sawah atawa pepelakana. Geus teu kacarita deui ari di Pasir mah da ku cacakan ka rek sabebera poe halodo oge geus karasa weritna cai. Lahan sawah atawa kebon anu tadah hujan geus mulai mentrang mentrang garing kakurangan cai, ku hayang cai teh kudu getol beunta ti peuting bari nungguan dawuan di sawah.
Ngaboyor nyaeta istilah anu biasa di pake ku jalma di lembur keur nyaian sawahna ku lantaran garing, biasana mah kudu di tungguan sabab ku giliran jeung nu laina, ari waktuna mah biasana ti peuting. Sabada Magrib simkuring anu geus siap nyekel batre atawa senter bari make sarung tamba tiris rek maturan pun bapak rek Ngaboyor sawah pasir. Bungkeuleukna poek nu ngahalang kasingraykeun ku caangna senter panyesaan, ngan rada mending harita teh batu ABC nu tadi beurang nang moe ngabantu caangna volt nu ngenyen dikurungan ku kaca senter. Dina saung nu geus umuran pun Bapak teh ngadagoan bari mirun api keur tamba tiris da puguh hawa pilemburan di mangsa halodo teh beda pisan, asa tambah tiris mani ngiripit pisan. ari Simkuring ngaleos mapay mapay dawuan nu can kadeuleu aya caian, bari sakapeung nyorotkeun senter nyaangan jalan pi lengkaheun. Rungkun ka langkung walungan kasorang gawir kasisir, teu sieun aya sasatoan nu bisa ngabahayakeun kusabab lewih penting beuteung beuteung eusianeun titipkeun kana dewi sri nu masih lila ka ala, Pare nu masih meujeuhna rek beukah siga nu nyaksian lengkah simkuring nu masih nyered nyered dampal suku mapay mapay cai kahirupan. Sora jangkrik nu nyeurikan peuting nu jempling silih tembal jeung baturna, hawar hawar koceakna koreak matak nyeblak nu keur soak nyanghareupan kahirupan, isukan pageto nitipkeun dapuran pare keur ranggeuyan ranggeuyan alaeun.
Satengah jam ayeuna simkuring masih nyaksian tinggurilapna cai nu kasorot ku cahaya bulan, bulan nu tadi katutup ku mega ayeuna nyaksian simkuring nu keur mapag cai keur ngocoran kotakan kotakan sawah pasir. bedahna bendungan dawuan nganteurkeun cai nu pasurung surung siga nu parebut hayang tiheula maseuhan taneuh nu jadi keukeumbingan dapuran pare. Bari di anteur ku caangna bulan simkuring malikan galengan dawuan nu tadi di papay bari sakapeung nyingkabkeun ruab ruab nu ngahalangan jalana cai. Ngorocokna cai nu manjuran corowokan sawah lir sorakna hate nu reug reug ku hareupan bisa meutik ranggeuyan koneng jeung beuneurna eusi pare.
Pun Bapak nu tas ngabenerkeun bari montengkeun corowokan sawah supaya caina lancar jeung bisa rata maseuhan kotakan sawah nu geus hanaang ku cai. Haseup bodas nu ngelun kaluar tina runggunukan pirunan seuneu nu geus jadi ruhak, bari ngadeang leungeun nu tiis kacaian, pun bapak ngasupkeun sabeberaha sampeu nu nangarabut tina galengan. bari nungguan asakna beuleum sampeu pun bapak teh teu kendat kendat mere pepeling keur kasalametan hirup di dunya nu sakitu paitna waktu harita teh. Sawah gadean nu harita kudu di boyor teh kadang ngan bisa nyukupan kabutuhan pangan, malah kadang teu nyukupan keur nyambung ti panen ka panen teh. Tah kulantaran ti eta Pepeling ti kolot teh keur urang kudu bisa nyanghareupan kahirupan ku kasadaran jeung kaikhlasan, Ulah ingkar tina katangtuan nu geus di tangtukeun dina katerangan katerangan Al-Qur’an.
Beuleum sampeu nu masih ngebul saeutik saeutik di samualkeun karasa pisan nikmatna, bancet nu sarada milu bungah nyorakan jaman. Daun cau di sisi galeng ting aroyag katebak ku angin peuting nu nyecep tiis nyerep kana tulang. “hipu pisan beuleum sampeu teh pak…” bari meulah sampeu nu nang meuleum nu rada tutung, ” ieu teh sampeu manehot bandung nu nang melak pas mangsa rendeng”. Nikmatna beuleum sampeu manehot mepeg beuteung jadi teuas keur ngusir angin nu nyecep tiis. Peuting harita di hiji saung nu jadi saksi antara bapak jeung anak nu nitipkeun hareupan ka simkuring pikeun bisa nyanghareupan jaman.
Ngke peuting Ngaboyor yuk….. !!! bari nyantelkeun sarung kana paku na bilik dingding. nu geus karaahan ku umurna jaman. Pasir ayeuna mah geus kasilih ku rangkadakna pelak kakaian keur sampeureun pageto hasilna……… ” masih aya nu ngaboyor kitu? mun masih omat ulah poho senter, sapatu solobong, sarung jeung padudan tamba tiris jeung sorangan teuing, jeung ulah hawek….. jig ah ulah di ngke ngke……, simkuring oge bade sare.
Alus eta carita teh, tak lemes kana hate, lila teuing di kota sok rada teuas hate kurang koreksi kana diri sok poho kana purwadaksina..nuhung kang udi…terus nulis
Hatur lumayan kang… pas sempet waktuna bisa nulis ieu caritaan, loba pisan pangalaman baheula nu can bisa di gutrekeun dina ieu tulisan. ari cena teuas keneh mah sok tiasa di kulub atawa di seupan, susuganan hipu hehehehe