Haturnuhun mang Darno
Senen pahing 09 mei 2011 di kamar Kontrakan, Poekna peuting nyimbutan awak nu lungse sapoe jeput nemunan jangji pasini keur bela nafakahan kulawarga. Guguling nu pasrah di keukeup maturan karanghulu nu geus tiheula di galentoran ku nyarandena mastaka bari neuteup lalangit imah, kolebat kolebat lamunan mangsa katukang nganteur hate nganclong ingeut ka lalakon nu geus kaliwat.
2003 : mangsa harita masih lelengohan hampir jarang nu ngaran balik ka lembur teh, dina satahun teh bisa di itung, ari teu poe lebaran jeung aya kapentingan nu teu bisa di tinggalkeun. sapertos harita barang indit ti kontrakan di jakarta naek angkutan ngarah ka terminal kp rambutan. teu kudu lila jeung ngantri sa nggeus kukuliwedan neangan bis jurusan karang pucung atawa majenang, terekel naek Harum harita mah bis ieu teh kakoncara pisan teu dicaritakeun di jalana, sa nggeus nyampe cilopadang si kondektur teh gegeroan mere beja ka panumpang nu rek turun di cilopadang, jrut kuring turun sanggeus bis eureun pas di riungan tukang ojeg nu pahibut nawarkeun ojegna. “kamana jang…? hayuh jeung urang” cek salah sahiji tukang ojeg nu masih ngora bari ngadeukeutan simkuring.
Teu di caritakeun nawar jeung regana ongkos ojeg kusabab kudu menta ijin ti tukang ojegna ( off the record ). jam 07.00 an simkuring naek ojeg ti cilopadang ka salem.
Poek jeung tiisna hawa nganteurkeun simkuring nu nyemprung naek motor 2tak nu di pilotan ku kang ojeg urang jumbarang. Kusabab hawa tiris jeung jalan nu garinjul simkuring teu konsentrasi kana dompet anu nyelap dina calana levis simkuring. meureun ka ancul ancul jeung lesang akhirna barang nepi ka salem ka rek sadar yen dompet simkuring teh geus ilang tina saku calana kuring. sakedapan mah bingung campur hoream ari kudu balik deui mapay jalan mah. akhirna mah ngagedekeun hate ngiklaskeun eta dompet nu eusina aya surat surat identitas jeung kartu atm, ari eusi duitna mah teu sapira. nepok si kang ojeg bari terekel naek deui kana ojeg neruskeun ka imah nu tadi can anjog, geus ka hareupeun imah jrut turun bari nyarita ka si kang ojeg ” kela kang dagoan rek nyandak ongkosna heula ” bari belecet lumpat ka teras imah terus salam nyalukan pun ibu, teu lila simkuring geus balik deui ka kang ojeg bari sor nyodorkeun ongkos ” kang ke mun di jalan pas balik nimukeun dompet simkuring dahalal pang nganteurkeun kadieu nya…” simkuring talatah ka eta kang ojeg, si kang ojeg unggeuk bari pamitan terus nyemprung pulang deui.
Pun ibu nu semu himeung ku polah simkuring nu tadi gurunggusuh menta duit keur ongkos ojeg, teu ancaparah deui simkuring langsung meberkeun kajadian nu sabenerna yen simkuring geus kaleungitan dompet nu lagrag di jalan waktu naik ojeg. tapi ku simkuring geus di ikhlaskeun bari nyarita ” geus lah teu nanaon meureun geus kuduna, atuh cenah ari masih aya milik meureun eta dompet teh balik deui nya lamun henteu teu nanaon “
isukna teh tatangga bet nyarahoeun yen kuring teh kaleungitan dompet di jalan antara majenang – salem, nepi ka tukang ojeg tatangga nu sok mangkal di pertelon salem ge nyahoeun.
Isukana masih rebun rebun keneh aya kabar nu di bawa ku mang Amin jeung mang Eloy nyaeta tukang ojeg nu sok mangkal di pertelon salem tea, cenah mah aya nu nimukeun dompet di jalan basa manehna pulang balanja ti majenang, Mang Darno urang Salem nu asal ti Banjaran nu sok jualan klontong di Hareupeun pasar Salem nu nimukeun eta dompet teh. Talatah nu di bawa ku tatangga ojeg teh cenah mun aya nu leungiteun dompet nu ngarana sarua jeung eta KTP di dompet pang bejakeun suruh nyandak sorangan ka imah mang Darno.
Beurangna simkuring indit ka mang Darno bade muguhkeun sareng nyandak dompet nu cenah di timukeun di jalan tea, bener pisan eta teh dompet simkuring nu leungit lagrag di jalan. cenah mah basa mang Darno naek mobil teh ningali aya nu herang di jalan ngagurilap katojo ku lampu mobil ti peuting, barang di sampeurkeun trs di candak singhoreng teh dompet simkuring tea.
Alhamdulillah akhirna mah ku sagala karendahan hate simkuring ngahaturkeun nuhun anu sagede gedena ka anjeuna, dompet teh balik deui ngan basa mulang tarima ka anjeuna estu teu mani kekepehan nolak lain ku teu daek narima ngan silih tulungan jeung papada urang teh geuningan geus kawajiban urang sadaya salaku umat manusia. Sakali deui haturnuhun pisan ka mang Darno sareng Kulawarga…. mugia ieu janten panggeuing hate simkuring khususna. hhheuuuay….
bismika alohuma ahya wabismika amut……..
duh mani wa’as mang udi,carita na matak ngeuneus,bari bungah da dompetna ka timu deui..bagus nya,m darno tanpa pamrih..
muhun kang…. ciciren jalmi kampung mah kitu, tara loba pamrih hehehe