Poe keur Bibirintik
Geus janten kabiasaan di lembur simkuring mah mun jalma rek ngalakukeun naon bae sok tara elat aya ngitung ngitung poe hade.
Ku jaman nu tos maju sapertos ayeuna mah model kieu teh loba nu ngiyahkeun, komo barudak ayeuna mah tara percaya pisan ku pamali teh, da mun dilenyepan mah eta teh talatah ti kolot karuhun urang nu tujuana mah pikeun keur kasalametan urang. Samodel cenah pamali ulah sok nyantong di lawang da puguh mun di regepan mah apanan ngahalangan nu rek ngaliwat.
Tina pamali nu dipakekeun ku kolot urang aya hubungana jeung Tuncak tincakna urang sapopoe, Naptu nyaeta itungan angka nu di saluyukeun jeung Poe jeung Pasaran. Contona
SENEN = 4
SALASA = 3
REBO = 7
KAMIS = 8
JUM’AT = 6
SAPTU = 9
MINGGU = 5
MANIS = 5
PON = 7
KLIWON = 8
PAHING = 9
WAGE = 4
jadi mun cenah urang rek ngalkukeun nanaon teh teu sambarangan da ku aya itunganana.
Samodel dina kamari basa simkuring bade meser domba keur ingueun teh pun Bapa teh mere saran supaya poe meserna teh kudu Poe Saptu Manis, da teu pun Bapa bae nu mere saran, malahan sakabeh jalma oge sarua satuju yen poe eta teh hade keur meuli sato jeung bibirintik. hartosna ieu teh lain saukur catur tanpa bukur.
Perkawis cenah bade percaya atanapi henteu mah teu langkung…..