Kiriman paket BOM
Dina wanci haneut moyan kampung cijoho di riweuhkeun ku pahibutna jalma nu aya di buruan ki wikarta, maranehna ribut ngariung bungkusan kardus anu eusina can kanyahoan. Pamajikan ki wikarta nu ngarana bi tarmah pahibut ngeusian ember ku cai nang ngala, cenah mah keur manjur eta paket nu eusina can kanyahoan, keur kitu kurunyung pa RT datang bari nanya ka ki wikarta
RT ” aya naon wikarta ? “
kiwikarta ” ieu pa ki rt aya paket kiriman na kardus duka naon eusina, ek dibuka tapi sok sieun bom…. ” bari ngadeg deg…
RT ” emang iraha datangna eta paket teh?”
bi tarmah ” eta pa rt paket teh datang ajam opat sore ti supir travel nu nampana si bungsu …. terus sapeupeuting teh eta teu di buka da sieun ku beja dina berita cenah keur mangsa paket eusina BOM…
ki wikarta ” tah eta ki rt nu matak ieu ge di pindahkeun kaluar da sieun ku beja tadi…
RT ” ooo kitu, WADUH MUHUN NYA…
kijablodeng ” geus atuh buka we… boa2 bohong, atawa baca heula tuh aya tulisana…
ret sakabeh jalama nu aya didinya ngareret kana kardus nu eusina can kanyahoan, aya tulisan diana kertas bodas tulisana kieu ” mohon hati hati ” atuh jalma anu aya didinya beuki sieun…
kijablodeng nu titadi tenang ningalikeun paket terus ngadeukeutan eta kardus, ceg terus diangkat di korak korak. terus ngomong…
Kijablodeng ” ah geuningan hampang eusina mah, buka wa…”
RT ” hush ulah sologoto jablodeng…, bisi heu euh eta bom beneran, kahade ah mending ge gegero tuh pulisi atawa ki kuwu…”
bi tarmah ” tah bener jablodeng…”
kijablodeng ” ah… ku pulisi ge sarua keneh paling dibuka…”
teu ancaparah berebet lakban nu meungkeut paket di soeh, terus di buka lalaunan nu nyeuleukeun mah mani ku ngadegdeg bisi bener eta bom. teu lila gorehel kijablodeng ngaluarkeun eta eusi paket kardus teh nu eusina pakean aya baju jeung calana kotor…. sigana mah pakean urut digawe di bangunan.
bitarmah ” har geuning… eta baju si boma, tapi naha kotor kieu…
bi tarmah ka rek ingeut basa anakna si bungsu nampanan eta paket teh cenah supir travel teh nyarita ” yeuh ieu paket tisi boma ” meureun kadengeun ku si bungsu mah yeuh paket isi bom kituh…
atuh nu ngariung ting polohok bari kukulutus jeung bubar akhirna mah, ki jablodeng pok nyarita ” tah mana ge ulah sok kabawakeun ku beritya nu matak geunjleung, akhirna mah kan urang keneh nu jadi korban teh. da moal nya kiwikarta di kirim bom emangna kiwikarta pajabat atawa tokoh nu penting… hahahahaha….
geeeerrr akhirna mah kabehan seuri bari plong……

tp d pikir2,alus oge wa ki teror bom teh?cm kudu jlas sasaran na.misal ka rmh na para koruptor¶ pnghianat bangsa.
padahal na eta bungkusan boa2 eusiana tahi kebo wa ki??????
sigana mah sarangka bedog jeung doran pacul hahahaha…