Bako Mole

Bedug lohor simkuring ngangeusan ngored kebon jeung pun bapa, bari ngabersihan parang urut ngored simkuring tatan tatan beberes ngiterkeun motor, geus kitu mah terus we baralik ka rompok bari ninggalkeun hanca ngored anu isukan pageto di lanjutkeun deui.

Anjog ka imah teh langsung disambut ku kejo beureum, aya kekel nang ngagoreng lauk peda teu tinggaleun malah endog nang ngadadar oge aya, sambel mah teu poho malah di tungguan ku seupan lalab daun sampeu jeung daun gandul, teu ancaparah deui uing jeung bapa teh langsung pahibut minuhan piring ku menu nu tos nyamprak di sadiakeun ku pun ibu jeung pamajikan.  teu karasa kejo beureum nu tadi mucung kari satengahna malahan pun alo nu tas sakola milu mantuan atuh matak ponyo pisan.

Dahar siang tos rengse terus beberesih dilanjut kana pokok kawajiban netepan sholat lohor terus di lanjut kana obrolan di tengah imah. gek diuk pun bapa bari gorehel ngaluarkeun bako tina wadah plastik anu geus rada karisut. clek papir nu geus nembrak di anuan ku bako nu dikaluarkeun tina plastik koneng, simkuring gek diuk ngan satyeuacana ningali aya bungkusan plastik bodas barang di candak nya eusina sarua bako keneh. Dihaja dibuka kukuring na ari di baca asa hayang seuri….

cobian di perhatoskeun, di tilik tilik, di pelong sing  mencrong ulah kiceup hehehehe… saha nu ngadesign ieu bungkus bako teh ….

Tentang Ki jablodeng

Ki jablodeng ti Gunung Kumbang

2 Responses to “Bako Mole”

  1. budhi says :

    hahaha mantep

  2. iis says :

    hahahaha…. kreatif yg bikin bungkus bakonya…

Bade Mairan mangga....

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Ubah )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Ubah )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Ubah )

Connecting to %s

Ikuti

Get every new post delivered to your Inbox.