Caritaan di Kebon Albi
” rakyat mah ulah loba tingkah, rakyat mah ulah boga duit ” cek ki mario dibaca maryo urang blok leuwi bahan brak beh kidul. Muka obrolan ka kuring nu keur segut ngagombrangan jukut nu barala, malah pun bapa jeung ibu oge milu mencrong ka ki maryo, siga nu ngadagoan ki maryo carita deui. Ceg bapa kana padudan bako sebul nu ka rek meuli ti paing, geus kitu mah linting papir nu eusina bako di selapkeun kana biwir, gejres gejres korek gasolin ngaburanyay kaluar api burrrr api hurung tina kapas, pelenyun haseup kaluar kandel pisan.
Emang kunaon mang… Bet ngomong kitu cek uing nembalan ki maryo
” heu euh pan eta loba supir nu marawa kai ti urang di caregat ku pulisi, trs di penta duit nu teu saeutik…”
” kunaon kitu…. mang? ” cek pun ibu bangun nu kerung
Emang kunaon mang… Bet ngomong kitu cek uing nembalan ki maryo
” heu euh pan eta loba supir nu marawa kai ti urang di caregat ku pulisi, trs di penta duit nu teu saeutik…”
” kunaon kitu…. mang? ” cek pun ibu bangun nu kerung
kimaryo nyamuilkeun seupan boled nu ti tadi geus nembrak na sangku ngahaja dibawa ku ibu keur sangu ngored.
pok be kimaryo nyarita deui ” kie yeuh basa tadi peuting ngarobrol jeung kimanto jeung nu sejena masalah undang2 perkaian, cenah pangna kai albi nu narumpuk di sisi jalan teh da teu di barawaan ku supir kusabab tos loba kasus anu mawaan kai ti salem ka kota teh di cegat dijalan terus di periksa kunu berwajib, terus di bawa ka kantor pulisi” pun bapa rada siga nu rek nanya deui bari pok ” nah terus kumaha di denda ta di tahan? ” kimaryo langsung nempas bari muragkeun puntung rokona ” eta pan ku pulisi teh cenah mobilna di tahan terus menta tebusan anu teu saeutik, puguh mobil nu mawa suluh jeung sesebitan ge di tahan jeung di denda, ” bari terus ngored simkuring nanya ” emang kumaha sih peraturana mun mawa suluh atawa kai ka kota naha eta supir teh teu marawa surat ? ” kimaryo langsung ngareret ka uing bari pok ” eta ge surat mah mawa, ngan duka palebah manana nu tak di denda teh… bingung puguh urang ge… “
uing pek ngomong ” ah da mang mah ari ngorol teh kudu jelas, ulah sapotong2 ieu mah matak lieur, informasina teu jelas jeung ngena sasaran, apanan ngobrol teh jeung nu ngarti masalah kakaian. ieu mah keur mah rakyat nu keur kadengkek di bere kabar kieu atuh beuki teu paruguh “
” ayeuna mah rakyat mah nu penting jelas naon salahna pangna didenda teh, kudu transparan ulah beunang di bobodo ku hukum jeung aparatna “
bari terus ngagombrangan eurih teu malire nu keur ngobrol mani uplek…
note : Mugia ka para aparat nu ngarti hukum kedah transparant peraturana
supaya rakyat teh pinter jeung teu dipinteran batur.
