Ngaran Lilana Waktu
Dina nangtukeun lilana waktu, aya istilah-istilah anu biasa dipake sapopoe. Dina ngagunakeun istilah-istilah ieu teh teu sakabehna aya ukuran anu pasti lamun diukur make ukuran lilana waktu saperti jam, menit, detik. Aya istilah anu dipake pikeun nuduhkeun lilana waktu teh anu teu tangtu ukuranana lilana atawa henteu sarua ukuran lilana.
Istilah-istilah anu biasa dipake pikeun nuduhkeun lilana waktu nyaeta diantarana wae:
- Sakilat, Nuduhkeun waktu anu kacida gancangna lir ibarat cahya kilat.
- Sakolépat, ampir sarua jeung sakilat. Nuduhkeun ka jalma atawa mangkeluk anu gancang pisan lumpatna atawa ilangna, teu katohyan ka mana-manana.
- Sajorélat, sarua jeung sakolepat.
- Sakiceup, dipaké nuduhkeun waktu anu sakeudeung pisan, sakumaha jelema anu ngiceup.
- Sakedét Nétra, sarua jeung sakiceup.
- Sakeudeung, nuduhkeun waktu anu teu lila.
- Sajongjongan, nuduhkeun waktu anu teu pati lila.
- Sapanyeupahan, nuduhkeun waktu anu lilana salila nyeupah.
- Sapangéjoan, nuduhkeun waktu anu lilana salila nyagu atawa ngéjo.
- Sapoé, nuduhkeun waktu anu lilana bisa 12 jam (beurang wungkul) atawa 24 jam (beurang peuting).
- Sapeuting Jeput, nuduhkeun waktu anu lilana sapeuting parat.
- Sapoé Jeput, nuduhkeun waktu anu lilana sarua jeung saputing jeput, ngan nuduhkeun waktu keur beurang.
- Sapoé sapeuting, nuduhkeun waktu 24 jam.
- Saminggu, nuduhkeun waktu 7 poé.
- Sabulan, nuduhkeun waktu 29 atawa 30 poé (kumaha itung-itungan bulan saperti kalénder).
- Matang puluh, nuduhkeun waktu anu lilana 40 poé. Biasana dipake pikeun nuduhkeun waktu hajat 40 poéna anu paéh.
- Natus, nuduhkeun waktu saratus poé. Dipake pikeun hajat 100 poé anu jalma paéh.
- Nujuh Bulanan, nuduhkeun umur kandungan anu nincak 7 bulan.
- Sataun, nuduhkeun lilana waktu 12 bulan.
- Sataun Landung, nuduhkeun waktu anu lilana sataun campleng (terus-terusan teu pegat-pegat).
- Sawindu, nuduhkeun waktu 8 taun
- Saabad, nuduhkeun waktu saratus taun