D U I T

Dina jaman nu sakieu rumitna jalma-jalma geus loba nu salah lampah salah lengkah, Duit nu di puja puja jeung dijieun pangeran ku jalma nu sarakah ku harta  jeung pangkat. ieung salah ti girangna ieung salah tina atikana.

Tumpukan Duit

http://petapolitik.com/wp-content/uploads/2011/11/duit.jpg

“Duit… hayam ge teu beukieun ” cek saha hayam teu beukieun duit puguh loba hayam nu melaan kaluar ti peuting pikeun ngala duit, hayam ge moal bisa nyatu mun teu aya parabna nu meunang meuli make duit keneh. Ti budak nepi ka kolot geus teu bireuk deui ku duit, Tisuksuk ti dungdung melaan keur duit hulu dijadikeun suku, suku dijadikeun hulu kabeh keur ngala duit. Naon ayeuna sih nu teu bisa dibeli ku duit cek sabagian jalma, tapi masih aya oge nu teu beukieun duit nyaeta jalma nu keur palid atawa tilelep. Duit nu dipikaserab ku sabagian jalma nu hirupna geus teu neuleu kana tetekon hirup boh ku gusti pangeran atawa ku sasama.

Uing ge jauh ti lembur nya eta keur neangan duit keur nafkahan kulawarga, resiko hirup jaman ayeuna nu kacida gedena geus maksa jalma lembur incah ka kota pikeun usaha neangan duit. Bahkan ti bubudak keneh geus di racunan pikeun jadi jelema nu bisa ngahasilkeun duit nu antukna milih sakola ge nu prospek kahareupna piduiteun, jadi sakola sakola jadi larang dina mungut bayaran sakola teh. da eta puguh pikeun jadi jalma nu bisa ngala duit ku gampang jeung jenuk teh kudu boga titel atawa lulusan sakola.

Salah………

Ti tukang macul nepi ka Presiden kabehan ge beuki duit ngan henteu ari di harakan mah duit teh, ti nu mawa salang rancatan nepi ka nu make dasi kabeh ge harayang duit. ti Ustadz nepi ka Koruptor puguh bobolopot sungut ngabudah ngabulaeh ge melaan keur duit. Loba jalma nu tigebrus kana jalan kanistaan kulantaran Duit tapi da nu salah mah lain duit tapi jalmana keneh nu teu boga kaimana didirina kulantaran mangeran kana harta jeung tahta.

Koruptor nu geus jadi ciciren bangsa Indonesia teu leupas tina Iman jeung Moral Bangsa nu geus ka kikis ku kasarakahan diri nu geus ka asupan setan nu minarupa. kahade ah ulah ka goda….

Waktuna urang ngarobah cara pandang Yen teh mata duit jepang halah…. mleset….

Waktuna urang ngarobah cara nyeuleu Yen Duit teh ngan saukur alat keur jual atawa meuli, lain kitu pa mentri…???

DUIT nu sajatina bisa di hartikeun Do’a Usaha Ikhlas Tawakal bisa leuwih luhur hartina, jadi mun teu boga duit kudu ngado’a terus Usaha geus usaha kudu Ikhlas jeung Tawakal.

Omat ulah serab ku duit tapi serab mah ku lampu sorot hahaha…

Do’a nu ku urang di pentakeun ka gusti alloh pastina kudu aya prakna nyaeta Usaha atawa ikhtiar dibentuk naon bae asal dina jalan nu di ridhoan ku AnjeuNA, geus usaha hasilna mah urang serahkeun kanu maha kawasa nya kudu Ikhlas nampanana mun can keneh mawa hasil nya Tawakal dina nyikepana, insya alloh mun dina meunangna urang meunang duit nu halal jeung Barokah. amien….

Endog lini

Mun keur jaman barudak teh sok arulin di pipir imah nu masih tina bilik keneh, kusabab geus meunang taun dina taneuh teh sok maruhprulan laleutik lonjong bentukna warnana coklat ngora, cek kolot baheula mah eta teh Endog lini. nya nepi ka ayeuna ge masih inget keneh malah mun sok manggihan eta nu disebutkeun di luhur sok inget kana endog lini, padahal mah ku bodo bodona jalma baheula teu nyaho yen eta teh ku bubuk atawa sajenis hama kai.

Meureun pedah eta lagragna teh ku ka oyagkeun waktu aya lini jadi di sebut we ndog lini, masuk akal meureun. ngan salah kaprah we mun di waktu ayeuna urang mapagahan budak urang teh model kitu. komo jaman ayeuna mah geus teu aya atawa jarang imah nu tina bilik atawa kai. ieu mah anggepan jisim kuring upami saderek gaduh tafsiran sejen mah mangga we… ngan ulah ari parebut catur da ieu mah ngan saukur catur tanpa bukur….

Ikuti

Get every new post delivered to your Inbox.